Surprise ti Akang vs Kejutan ti Neng Imas
Kacarioskeun si akang nu geus mang taun-taun usaha hayang boga
imah , ahirna laksana boga rumah idaman. Rada rerencepan si akang
teh dina ngawujudkeun ieu cita-cita, maksadna mah hoyong janten
kejutan kanggo Eneng tercinta. Nu ahirna nepika waktuna :
Akang : Neng akang gaduh kejutan kanggo eneng kersa teu
?!
Eneng : Kejutan naon kang
.? Meni asa rareuwas..! (tapi ngaharep
oge hatena mah)
Akang : Namina ge kejutan
.. engke we
, ayeuna mah sok eneng siap-
siap
. dangdos
nu rapih, engke ku akang dicandak ka hiji tempat,
..mung samemeh
dugi, mata eneng kedah ditutup ku sapu tangan
namina ge kejutan
.?!
Bral
nu duaan teh
arangkat nganggo mobil, tug nepika hiji tempat
reg eureun, terus mata si eneng di tutup ku saputangan rada rapet
oge
, tos kitu si mobil di jalankeun deui
nu ahirna nepika tujuan,
nyaeta imah anyar tea
..
Akang : Neng ..tos dugi, hayu turun
.! Tapi soca ulah waka
dibuka....dugika
akang miwarang
., neng ayeuna urang tos aya di payuneun hiji bumi
nu ku urang dicita-citakeun (
kacidaa bungahna hate si eneng
, bari
ditungtun si eneng dibawa ka jero, si akang terus noroweco
nerangkeun), neng ieu halamanna
.alit tapi tos ditata asri
.tamanna
endah
( sup ka ruang tamu) tah ieu urang tos aya di ruang tamu teu
patos lega
. Tapi tos lengkap (si eneng beuki panasaran
.hayang
geura muka saputangan
tapi sabar we..komo ieu rek dibere imah
ku
salaki), tah
. neng ayeuna urang tos aya di ruang tengah
ruang
keluarga, ruang ieu mah lega sesuai kahoyong eneng
(terus si eneng
di bawa ka tengah ruangan
.) neng antos heula didieu
., akang aya
nu hilap na mobil bade dicandak heula, tapi saputangan ulah waka di
buka
.nya
..! dugi ka akang lebet deui
.! ( sabenerna mah
kapanasaran si eneng geus nepika puncak
tapi can aya komando ti
salaki)
Keur kesel nungguan kitu
si eneng ujug-ujug mulessss
..
bari hayang sabrot-broteun hitut
., da teu katahan ahirna mah di
kaluarkeun
.. alahh tarik geuning
.!, bari terus ngageber-
geberkeun erok
. ameh teu ngulibek teuing maksudna mah
mangkaning
bau meledek pisan
Teu lila si akang datang bari ngomando,
.sok
neng buka saputangan teeeh
.!
Na atuhh
! ari dibuka
.!???? , singhoreng di eta ruangan tehhh tos
ngumpul dulur jeung baraya malah aya indung bapa jeung kadua
mitoha, seueur oge alumni 1185, ngariung pikeun syukuran imah
anyar
.., Eta mah kang Aji nyeletuk bari semu seueul : " kibas-
kibas
..nichhh yeeahhhh
.!?? ?
=roche=
sumber carita:kang aji
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/