Puguh teu ngartos, naha bet si Bungsu wae nu sok ditinjolkeun teh, sanes ngan
dina carios urang wae, tapi karuhun bangsa deungeun oge kitu...upami dina
Carita Parahiyangan mah, si Bungsu teh naminya MANDIMINYAK,,, namung teu
diterangkeun...ngan ku urang nu ngaos dihartoskeun kana basa ayeuna da geuning
urang Sunda mah ngaistilahkeun naoon wae "disadana sami sareng bentuk nyatana"
janten sapagodos..
Sem[l]akwaja = punglak huntu = ompong; geura mangga Mandiminyak (nami sanesna
AMARA) = kulimis = luis, dilarapkeun ka jalmi anu rapih beresih..sigana mah
eta...
Tapi kapan Semplakwaja mah ti aalit teh tos resep ngulik agama numawi ngaraja
resi oge...saleresna mah dina patali Mandiminyak kaleresan si Bungsu...janten
raja...teu kdah dihartoskeun..nu tersurat...tapi nu tersirat...ngagem kana
konsep Sunda Triumvirat (Tri Tangtu di Bumi) tea...Batara Dangiang Guru..sanes
hartos na langkung rendah..nu teges mah pangluhurna...pang-AGUNG-na... amargi
anjeuna mah teu kdah kana tahap raja heula...langsung ngaraja resi..
Anapon kitu di wetan ge kitu, sanaos karaosna konsep Hindu, tapi diadaptasi
kana budaya lokal..janten teu murni Hindu...tahapanana..!) jalmi biasa...2)
raja.. 3) pertapa 4) ngarajaresi...mangga manawi kaanggo..
perkawis nyandung mah...duka..ari kapungkur mah simbol kakawasaan politik
menguasai 4 arah mata angin...istrina 4, janten dina islam aya "IDZIN WADUL"
cnah kenging istri opat teh..urang ge gaduh konsep eta tapi khusus kangge nu
toloheor panginten...hahaha...siga Raden Wijaya (Nararyya Wijaya) pendiri
Majhapahit...harita mertuana (Krtanagara-Singhasari) pupus, karajaan paburantak
nya putrana istri sadayana aya 4 ditikah...ngasuh panginten maksadna mah..
nyanggakeun...ka para nu nyandung...berkah abdi mah "pun lanceuk" mah bageur
sanaos abdi tos nini-nini tereh ngahiiyang oge...hih tetep wae diingon.
AMBU
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nuhun Ambu.
Aya patarosan salajengna yeuh. Hehehe.
Upama nitenan ieu lalakon, geuning nu janten putra mahkota teh Si
Bungsu nya, sanes Si Cikal. Nu mana, ieu kawijakan teh geuning mawa
mamala ka generasi bondoroyotna. Generasi Si Cikal ngagugat tahta.
Kawijakan jiga kieu, katangen oge dina carita Lutung Disarung, eh
Lutung Kasarung, rehna Si Bungsu deui wae nu dileler putra mahkota
teh. Nu ngabalukarkeun Si Cikal teu narima kana ieu kawijakan.
Patarosanana, kunaon kawiajakan raja resep milih Si Bungsu jadi putra mahkota?
Salian ti eta, ka baraya nu pro-nyandung, aya papanggihan data anyar
yeuh, hehehe. Yen nu ngabalukarkeun papaseaan sadulur teh, lain wae
kulantaran karuhunna nyandung, geuning nu teu nyandung oge angger we
bisa ngabalukarkeun pasea sadulur nya. Jadi karuhun nyandung teu
nyandung, angger we bisa ngabalukarkeun parebut kakawasaan sadulur.
(mh)
On 1/28/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten ieu lepat ngirim
> ayeuna diulang
>
> Ari saur Naskah Buhun mah hiji nun...namina Pwah Bungatak Mangalengalle
> Sempakwaja istrina hiji
> Rahiyang Kidul hiji
> Mandiminyak (rada gumasep...istrina dua..nu hiji nyalingkuh ka Pwah Rababu
> istri rakana > Sempakwaja)
>
> AMBU
>
>
> ________________________________
> Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
>
>
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/