sampurasun kang asep surasep (nyeratna kitu panginten hehehe)
ningali kawasan budaya ngarasakeun hawa pegunungan, asa reueus kana 
hate sareng paru2, nu unggal dinten di lebetan haseup knalpot 
ibukota.....
mung hanyakal ngan sakedap, insyaAlloh engke deui mah abdi bade 
ngahaja 3dinten 3 wengi niis di saungna abah maki.

perkawis pangrojong ti PEMDA,...
menurut pandangan pribados, beberapa kisunda teh rada 'alergi' upami 
kedah berhubungan dengan anggaran pemerintah... ieu katingali waktos 
abdi ngempelkeun kisunda di museum sribaduga ,kang maki, kang roza 
(kalasunda), ceu otih, abah surya, kang zaenal, jsb... hampir semua 
nya tos pernah berkerjasama sareng pemda, mung nya kitu,.... seueur 
pisan janji2 surga dari pihak pejabat, ujungnya mengecewakan.
kalaupun dana turun, ... hampir 20-70% dipotong ku nu ngurus para 
pejabat pemda tersebut.
salah sawios kisunda curhat ka abdi, anjeuna pernah disodoran 
kuitansi tertulis 35 juta, mung anjeuna nampi 11 juta, kakara eta 
dana tiasa cair,....  eta kamanekeun hati nurani teh nya?

janten,... langkung jelas udaganana pami cari dana ka sponsor swasta 
nu jentre timbal balikna. saling menguntungkan. teu saling peuncit.
mung ieu teu sadayana pajabat kitu, aya oge nu leres2 support kana 
budaya. mung sebagian besar nya,... bgitu deeeh.

nu penting mah, urang tong manja,aral jeung babarian/ pundungan,... 
nya biasa weh terus maju, halangan eta mah risiko perjuangan,kedah 
di ihtiaran ....

iraha atuh kang aschev, urang adu bako di darat, ... silaturahmi nya.
nuhun ah
rapes,
=r=





--- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Sim kuring mah dongkapna dinten ahad siang ngan henteu lami 
kumargi pun anak maksa ngajak mulang.
> Sumuhun, mugia aya pangrojong (upamina wae ti Pemda Bogor) kanggo 
nyaean infrastruktur anu ngarah ka KBS.
> 
> Salam,
> Aschev
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: agus <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Sunday, January 27, 2008 6:26:44 PM
> Subject: [kisunda] MALAM MINGGU,...DI SEREN TAUN BUMI - BOGOR
> 
> sampurasun,. ..
> abdi bade laporan... perkawis acara seren taun di bogor.
> abdi sareng rerencangan tiluan, kaleresan bade ka bandung ti 
> batawi,... saptu 26 januari 2008... ah,sakantenan ngalangkung ka 
> bogor,...
> tabuh 5 sonten, nembe kaluar tol kota bogor,.. ngadadak di telp ku 
> rerencangan sma nu domisili di bogor,... jadi weh nganjang heula 
ka 
> daerah jl.pajajaran, caket kebun raya bogor.... lumayan, disuguhan 
> kwetiau sareng gule....
> bada isa, menuju lokasi seren taun,... ka daerah CIOMAS.
> berhubung tiluanana sanes urang bogor, jadi kukurilingan, .. tanya 
> sini situ, da petunjukna mung minim, desa pasir eurih; desa budaya 
> abah maki.
> tabuh 10 wengi nembe kapendak eta lokasi teh.
> ti jalan ageung, ka lokasi desa budaya na sekitar 1/2 km... 
melalui 
> jalan 1 mobil,.. untung nuju teu hujan, pami hujan mah cigana 
tiasa 
> slip da jalanna rada leutak sareng batu leueur...
> suasana wengi eta lumayan rame ku pengunjung, terutami di area 
> panggung, nuju aya jaipongan... disekitar panggung eta seueur 
> imah2... nu ditempatan ku pengunjung (masih dalam kawasan desa 
> budaya)... teras dipayun aya bangunan panggung leuit,kanggo 
nyimpen 
> beas, ngajejer...
> abdi menikmati jaipongan sareng bodor sunda ...
> teras ngopi ,balanja kaos sareng meser kaen sarung tenun ti urang 
> baduy luar nu kaleresan sumping ka eta acara,....
> tabuh 12 wengi, nu tadina bade teras menuju bandung,... ah rada 
> menikmati suasana heula, gogoleran di panggung aula, nu lumayan 
luas 
> skitar 12 m x 20 m... didinya seueur oge nu gogoleran, malihmah 
aya 
> rombongan ti sma bogor sareng guru2na, cigana nu ngisi acara,...
> ngobrol sareng dulur didinya,... teu karaos tos adzan subuh,... 
> tadina mah bade ninggal acara puncakna, dinten minggu siang na,.. 
> mung da kumaha, rerencangan nu nebeng ka abdi, kedah aya di 
bandung 
> cenah siang teh...
> jadi na weh abdi mung sampe tabuh 6 subuh di eta acara teh....
> 
> sakitu, carita perjalanan sim kuring di acara seren taun na abah 
> maki teh... (sareng tuan rumah na mah teu pendak, da nuju sibuk 
> anjeuna nyiapkeun acara...)
> 
> tanggapan:
> acara kasundaan, masih aya..... masih tiasa diayakeun, tapi sangat 
> tergantung urang2 na,... sapertos abah maki, anjeuna gaduh lahan, 
> gaduh modal waragad, sareng gaduh niat kasundaan,.. . janten weh 
> kalaksana hiji sumbangan ka pelestarian budaya sunda...
> mung, kakurangan sareng keterbatasan kawasan budaya eta masih 
> seueur,.... baik secara sarana-prasarana maupun konsep kawasan 
> dan 'service' kepada pengunjung,. .. tapi justru ieu kedah aya 
pihak 
> lain anu ngarojong, ngabantu secara langsung maupun tidak langsung 
> eta kawasan budaya,...
> ngadirikeun kasundaan teh beurat,... hese, tapi ku ridho jeung ku 
> niat lempeng mah,... sumbangan nu sakedik oge tiasa berpengaruh 
> bagus.
> 
> terlepas dari kakurangan sareng kaalusan pelaksanaan ieu acara 
seren 
> taun,... abdi pribados ngucap salut ka abah maki nu gaduh gerakan 
> secara langsung ngalestarikeun budaya sunda....
> rampes
> =roche=
> 
> 
> 
> 
> 
>       
_____________________________________________________________________
_______________
> Be a better friend, newshound, and 
> know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke