----- Forwarded Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, February 1, 2008 2:03:24 PM
Subject: Re: Kujang vs Keris Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang
Kengin wartos tina Internét kieu:
Keris cenah mitembeyan didamel dina abad ka 7. Keris ogé cenah asli ti
Malaysia, Indonésia sareng Filipina béh kidul. Keris nu munggaran cenah
diilhaman ku sarupining pépésoan nu seukeut dua sisina nu aya di Viétnam dina
abad ka-3 saacan lahirna nabi Isa.
Janten wajar upami urang Sunda ogé geus maké éta pakarang ti jaman baheula mula.
Lamun kujang cenah mah asli Sunda. Ku urang wétan, kujang téh katelah kudi.
Wangun kujang nu munggaran cenah diilhaman ku alat tatanén (tatani?) anu réa
dipaké dina abad 4 nepi ka 7 Maséhi. Bentuk kujang kiwari cenah munggaran
mecenghul dina abad 9 12 Maséhi. Baheula mah kujang téh bentukna teh jiga
pulo Jawa sarta dibolongan di tilu tempat ngagambarkeun ajaran trimurti dina
Hindu, ari kabéhdieunakeun mah wangunana teh jiga aksara syin (aksara awal
syahadat) sarta bolongna téh lima pikeun ngagambarkeun rukun Islam.
Kulantaran asli Sunda, kuring pesen kujang ka kang Dudi sapasang, jalu jeung
bikang.
Salam,
Aschev
----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, January 31, 2008 6:58:29 PM
Subject: Kujang vs Keris Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang
Saleresna nu bener-bener pakarang paranti tarung mah keris, nu di tatar sunda
mah jieunan (tangguh) sepuh nyaeta galuh, pajajaran jeung cirebon. Ari kujang
mah mirip kudi di jatim nyaeta mirip kored/clurit keur ngored. Katerusnakeun
kujang mah fungsina jadi simbol lain pakarang.
Saprak Bubat sacara sistematis urang wetan ngurangan nepi ka ngaleungitkeun
tradisi nyoren keris di urang sunda. Komo jaman mataram sultan agung mah jadi
ngan pangagung hungkul nu meunang nyekel keris. Pangaruhna gede pisan sipat
urang sunda jadi "asing" kana pakarang, lila-lila sifat ksatria nu gede wawanen
ngaping lemah cai beuki luntur jeung leungit ti urang sunda. Jadi mun ayeuna
pada epes meer, geumpeur kanu nyoren keris, clurit, badik, rencong eta mah geus
bisa kajeungkal ti dituna.
Nu cilaka ayeuna mah urang sunda teh nyekel keris henteu, kujang oge henteu!
Keris identik jeung urang wetan padahal nu kasebut keris sepuh nyaeta tangguh
galuh, pajajaran jeung majapahit (kaasup tuban). Urang sunda leungit ku cirina,
maung jadi ompong teu kukuan.
Keur sim kuring mah URANG SUNDA PERLU NYONTO URANG JEPANG.
ELEH PERANG TEU MEUNANG NYOREN SAMURAI, TAPI TETEP NGAJARKEUN, NGALATIH KENDO
TI LALEUTIK KENEH. FIGHTING SPIRIT TETEP DIPIARA, HASILAN URANG JEPANG GEDE
WAWANEN DI SAGALA WIDANG.
Urang kudu balik ngajarkeun deui Maos (qur'an, etika, moral), Mamaos (elmu
umum), Menca jeung ngaakrabkeun deui KERIS SUNDA.
Hapunten ka saderek nu manukna ngeunaan pakarang bilih sim kuring teu akurat.
Tapi mun aya nu nganggap urang sunda teu boga tradisi keris eta mah sajuta
persen ngaco.
Audaces Fortuna Iuvat
nasib nu hade ngabantu kanu boga wawanen
Jalak Pakuan
Makarya Mawa Raharja
----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Thursday, January 31, 2008 1:17:46 AM
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang
Nyaéta matak hémeng penggalih ceuk bahasa dalang mah. Cenah ceuk sakaol kujang
téh pakarang (paranti tarung). Tapi gening teu disebut-sebut dina nakah kuno
mah. Dina Kidung Sunda (basa Jawa Kuno) dicaritakeun salasapuluh pakarang
urang Sunda dina perang Bubat téh keris (samasakali teu nyabit-nyabit kujang).
Dina naskah Bujangga Manik ogé hadiah anu disadiakeun Ajung Larang pikeun
Bujangga Manik téh keris (lain kujang). Ceuk mang Sahari gening kujang teh
pikeun ngarit. Naha ku naon nya? Aya nu tiasa ngaguar?
Salam,
Aschev
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to
Traditional
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe Recent Activity
10New Members
Visit Your Group
Y! Messenger
PC-to-PC calls
Call your friends
worldwide - free!
Do-It-Yourselfers
Find Y! Groups
on Lawn & garden,
homes and autos.
Self Improvement
on Yahoo! Groups
Connect with people
and get support..
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/