Kunaon PAHLAWAN urang Sunda nu loba mantuan ngadegkeun
nagara nusantara teu ka sebut2.

Dina siasat pendidikan ti SD nepi ka UNIVERSITAS oge
SAJARAH US kurang sistimatis di ajarkeun di sakola2,
di PAREUMAN SAJARHNA ku urang wetan. Maranehna
nyarahoeun yen US loba nu "pinter" jeung kuat prestasi
kerjana / etos kerja.

Kuduna siasat di pencar2keun US ku urang wetan / nu
Mataram tong nurut wae ka urang WETAN. Kuduna ngahiji
sa sunda wae, da manehna oge sarua ngahiji sa wetan2
wae.

Hiji contoh  ABAH OTO ka sebut PAHLAWAN eta oge ayana
perjuangan SIASAT NGAHIJI US dina nebrakeun gambar
ABAH di RUPIAH. Eta oge ayana pamimpin2 bank US
sadayana, tandatanganna direktur bank US. Kabeh
pamimpin US NGAHIJI, ieu hiji conto nu alus nu kudu
dipintonkeun di na KASUNDAAN.

Mangga ieu nyanggakeun kanu ngaku urang sunda silih
asah-asih-asuh di ieu milis.

cag

Kang Yana


--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> --- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman"
> <[EMAIL PROTECTED]> 
> wrote:
> 
> Ngiring nambahan,
> 
> Aya deui, cenah ceuk obrolan jero masyarakat, lamun
> nguburkeun mayit 
> terus ngadadak aya hujan turun, sedengan teu
> ngagebret teuing, eta 
> tandana mayit teh ditarima ku taneuh - jembarna
> alam- hartina, nu 
> maot teh jalma soleh. Tapi eta mah dongeng
> masyarakat wae, malah 
> ngaharib kana "filsafat kabeneran" anu ngarupakeun
> kasalahan dina 
> filsafat (falacy of phylosophy). Babaledogan meureun
> ceuk Sundana mah.
> 
> "Falacy of phylosophy" teh ngarupakeun sakumpulan
> kasalahan jelema 
> berfilsafat (siga filsafat, tapi sabenerna mah
> logikana - boh 
> premisna atawa silogismena - salah). Contona, anu
> kungsi kapanggih, 
> upamana unggal babaturan kuring nu ngaranna si dadap
> datang ka imah, 
> seja sepungan, kaparengkeun hujan, tuluy wae kuring
> teh berfilsafat 
> (ngadalil, siga kieu: "Euy, kadatangan maneh mah
> mawa hujan wae".
> 
> Enya, tuda dina kasus anu maot ngadatangkeun hujan,
> upamana, kumaha 
> lamun anu maot teh usum hujan? Sing jelema sakumaha
> dorakana oge 
> kamungkinan inyana pas dikuburkeun pas hujan teh
> gede kacida. 
> Jadi...ngaitkeun kajadian alam jeung kajadian anu
> kaalaman ku manusa 
> dina wangun "falacy phylosophy" siga tadi teh gede
> pisan kamungkinan 
> salahna. Babaledogan tea atuh, teu kuat dalilna,
> malah ngaharib 
> kana...ceuk Mh ...eh saur Kang Ajip tea mah: mitos.
> 
> Anu ngeunaheun mah memang ngobrolkeun fakta (sanajan
> naon anu 
> disebut "fakta" ceuk sagolongan atawa saurang jelema
> can tangtu sarua 
> disebut "fakta" ku golongan atawa jelema sejenna.
> Anu akhir ieu mah 
> pakait jeung epistimologi atawa cara neangan bukti
> atawa data, 
> sigana). Ngan nyakitu, kalan-kalan fakta mah sok
> matak pikanyerieun. 
> Geura ieu fakta ngeunaan kumaha bangsa Indonesia
> (bener kitu bangsa 
> Indonesia sagemblengna?) ngeunaan saha sabenerna anu
> disebut pahlawan 
> di Indonesia?
> 
> Dina siaran salah sahiji statsiun tv mangkukna,
> diwartakeun ku nu 
> maca eta warta, ngeunaan 3 pahlawan di Indonesia.
> Ieu teh dina raraga 
> padungdengan -malah debat kasebutna - ngeunaan
> kahayang sagolongan di 
> Indonesia pikeun maparin gelar pahlawan ka HMS: naha
> geus waktuna 
> atawa tacan. Pahlawan anu 3 teh kieu cenah:
> 1) Ir. Soekarno, presiden RI nu kahiji, sang
> proklamator, nu kahiji 
> tina dwitunggal Soekarno-Hatta, dipaparin gelar
> pahlawan nalika 17 
> tahun saba'da anjeunna ngantunkeun;
> 2) Dr. Mohammad Hatta, wakil presiden nu kahijiu, nu
> kadua tina 
> dwitunggal Soekarno-Hatta, dipaparin gelar pahlawan
> ku Pamarentah, 
> dina taun ka 6 (atawa 6 taun) sanggeus anjeunna
> wafat;
> 3) Ibu Tien Soeharto, isteri presiden kadua
> Indonesia nalika masih 
> aya dikieuna, kenging gelar pahlawan ti pamarentah
> Indonesia nalika 7 
> bulan sanggeus anjeunna wafat.
> 
> Tuh pan fakta mah kitu. Nyakitu tea, punten wae bisi
> matak ngerenyed 
> mah. 
> 
> cag.
> manAR
>   
> 
>  
> 
>   
> --- In [EMAIL PROTECTED], "Waluya"
> <resoma@> wrote:
> >
> > > From: "jaka ekalaya" <jekalaya@>
> > > Akan halnya Pak Harto, orang yang memimpin
> Indonesia
> > > lebih dari tiga dasawarsa, sahabat saya yang
> > > sebenarnya lulusan sebuah perguruan tinggi
> Amerika,
> > > percaya terjadinya hal serupa. Ia yakin, angkasa
> > > Jakarta yang pekat digayuti awan hitam sejak
> Sabtu
> > > pekan lalu pun, tak lain dari pertanda. Ahad
> itu, di
> > > hari kematian Pak Harto, di sekeliling Jakarta
> dan
> > > Solo hujan memang mengguyur deras.
> > 
> > Ari di lembur kuring mah beda deui, lamun langit
> poek mongkleng 
> terus  hujan 
> > angin, gelap dar-der-dor, walungan caah,
> jalma-jalma teh sok 
> ngararomong, 
> > aya nu rek malidkeun mayit di walungan, kulantaran
> eta mayit teh 
> teu 
> > ditarima taneuh, kulantaran munjung,  jadi kudu
> dipalidkeun di 
> walungan 
> > ......
> > 
> > Ah ketang, eta mah ukur kapercayaan urang lembur.
> > 
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> 
> --- End forwarded message ---
> 
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke