Ngadu Jajaten
"Hayu Gelut jeung aing lah ulah ngomong bae ". Ieu omongan teh sok
aya disebut-sebut ku si cepot ka lawanna dinu wayang golek. Ieu
ucapan oge sok diomongkeun ku urang mun deuk ngadu pangabisa jeung
batur boh deuk gelut atawa tawuran tea. Sok komo barudak sakola mah
hususna jaman SMA sok ngadu jajaten, malihan mah ngadu jajaten na teh
lain saurang jeung saurang atawa face to face tea tapi lobaan nu ceuk
basa kiwai mah tawuran tea.
Nang kiwari ngadu jajaten barudak sakola kawas diluhur teh geus
jarang deui, lantaran mun deuk aya kagiatan kawas luhur teh polisi
teh geus siap-siap newakan oknum na, malihan mah ku kapala sakolana
langsung kena SP atawa surat cinta tea. Pangalaman babaturan keur SMA
nu kena SP di sakola teh biasana sok dibalikeun ka imahna sina
diwarah ku kulawargana aya kanu sabulanan, laju aya oge nu sina
beberesih di sakolana, kawas mersihan jukut, mersihan wc atawa mun
keur upacara bandera mah sok di poe panghareupna jeung ku pambina
upacara sok di bejakeun.
Salian ti sanksi kawas di luhur aya oge hiji kagiatan keur ngurangan
tawuran barudak sakola teh. Nu jadi hiji conto nu alus jasa di kota
bandung sok diayakeun pamentasan Band, boh keur umum atawa level na
keur mahasiswa atawa barudak sakola. ieu kagiatan teh positif pisan
keur nanggulangan tawuran teh.
Ngadu jajaten dinu kontek jaman kolot urang baheula mah biasana sok
diidentikeun ku gelut anatara dua urang, biasana gelutna teh
dilapangan laju sina aya nu eleh, jeung na deui di lalajoan ku batur,
sanggeus aya nu eleh laju sasalaman. Tah aya oge dinu konteks film
ngadu jajaten teh sarua wae jeung ngadu elmu, nu mana nu jagoan jeung
nu jahat sok gelut malihan mah sok aya magis tea geunigan sok komo
dinu filem mah katingali aya cahayaan atawa tibalengtrang ngadu
pakakas.
Tapi aya oge ngadu jajaten teh sarua dinu pencak, ceuk cenah mah aya
dinu hiji umbul-umbul nu eusina "Kompetisi Pencak Silat Gubernur
Jabar CUP". tah eta oge kaasup ngadu jajaten dinu hal fisik, dimana
nu diadu teh lain dinu hal metafisik kawas diluhur, tapi kumaha urang
kudu ngarubuhkeun lawan urang ku taktik anu hade jeung teu licik.
Tinu hal fisik oge ngadu jajaten bisa kawas ngadu panco, ngadu
kaleci, ngadu lalanglayangan jrrd.
Tah mun dinu atikan mah, ngadu jajaten sarua jeung papinter-pinter.
Kawas basa ulangan kumaha paalus-alus peunteun urang, nya cara na mah
loba jasa. Aya oge nu digedur maca buku ti samemeh ujian, aya oge di
deguder make cara SKS (Sistem Kebut Sapeuting), aya oge nu males maca
mah manehna nyeiun tironan, kawas nyieun tulisan nu leutik dinu
kertas, malihan mah kertas na loba pisan laju pas manehna ujian make
baju jeung calana nu loba pesakna. Aya oge nu make cara nginfo ujian.
Biasana mun nginfo teh kudu guruna sarua, tah samemeh kelas manehna
ujian manehna nanyakeun heula ka kelas nu sejen eusi eta ujian, jadi
weh sakelas manehna peunteun na teh aralus.
Basa jamanna kelas tilu SMA, ngadu jajaten teh karasa pisan basa
iluan BIMBEL di hiji lambaga Pandidikan nu ngaranna Soni Sugema
College. Jeung na deui maklum ari di Subang mah Bimbel teh can aya da
basa jaman 1998 teh Bimbel nu kawentar di Bandung SSC jeung GO. Tah
basa miluan Bimbel teh ngahiji jeung sakola-sakola top di Bandung
malihan mah aya kelas husus di SSC teh nyaeta kelas jaminan lulus
100% money Cash Back tea.
Di SSC ngadu jajaten na teh kudu pabisa-bisa ngajawab soal-soal
latihan nu pakuat-pakait jeung UMPTN tea, jeung na deui urang diajar
teori na teu make rumus singkat. Tah didinya aya hiji babaturan
gayana mah low-profile , tapi basa ningali passing-grade na gede wae.
Ceuk cenah mah manehna ayeuna asup ka Teknik Fisika ITB. Nya ari
kuring mah maklum weh peunteuna STD deui STD deui alis EDED.
Tah dinu widang pagawean ngadu jajaten oge ilaharna mah mun urang
ngalamr ka hiji pausahaan sok komo nu TOP kudu alus IPK na, da ari
PMDK atawa Persatuan Mahasiswa Dua Koma mah wayahna rada hese. Jadi
weh loba nu gawe nu teu saluyu jeung widang atikan na. Tapi sanggeus
sabaraha lila digawe aya kanu leuwih satahunan mah mereun bakal jadi
ahlina antukna ngalamar kal luar pausaahaan teh ngadu jajaten deui
dinu pangalaman.
Sok komo cenah kiwari jamanna outsource tea, jadi si pausahaan nu
ngaoutsource teh ayeuna ningali nu ngalamar teh hanetu dinu IPK tapi
dunu pangaweruh jeung pangalaman manehna gawe. Sok komo mun saluyu
jeung widang nu digawena meureun. Tah naha atuh urang kudu ngadu
jajaten jeung batur, duka teh teuing atuh.
Cag Ach
YM
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/