1. >>Leres kang Dud, ari gagaman P Taji malela mah bedog panjang, maksadna keris bupati Sumedang nu lian nu kasampak di museum.
<<Komen: eta padah ningal keris kembar dipalih handap gagaman Pangeran Kornel taun 1800-an jaman Denles nyieun jalan Anyer-Panarukan nyaeta keris masyhur ti Mataram "Naga Sastra" saleresna ieu mah mung ukur simbol/legimitasi sang pemimpin dina jamanna. Tapi ari dongeng-na mah Sang Naga teh aya oge di urang, ampir saribag sareng dongeng Dragon Ball tea anu tiasa ngabulkeun 3 pamenta tapi diurang mah upami manehna datang teh sok aya cahaya ngempur sanes langit janten poek sapertos dongeng ti jepang. Keris nu sanes gagaman Prabu Geusan Ulun anu warangkana dilais ku emas piraku ti Mataram dan jaman Prabu GU mah Mataramna teu acan aya atnapi nembe diadegkeun ku jalan barontak ti Pajang, tapi ari keris sabuk inten anu warangkana ditaretes ku inten tea, abdi hilap gagaman saha. 2.>>Memang diantara mataram, pajang atanapi sumedang aya hubungan, nyaeta hubungan perkawinan, kitu deui antara P G Ulun sareng P Rangga Gempol, nya tos pasti aya hubungan pertalian duduluran.Janten umpami berpatokan kana turunan mah jelas moal aya anu asli, lantaran tos ka "kontaminasi" getih ti mana mendi, tapi tetep aya anu disebat urang sunda asli nyaeta anu solih, anu cageur, anu bageur tur anu pinter, lantaran sunda mah lain "simbol", tapi ageman anu intina tauhid.Janten lain "Kasaktian" anu diukur tapi "Kesalihan Individu". Hese memang sunda mah..lantaran sanda (rahasia)..hahahahah. <<Komen: Alhamdulillah tos dugi ka dinya mah, Insya Alloh hiji mangsa urang baris patepung lawung bari botram muka bekel masing-masing. 3. >>Balik deui perkawis getih...dina perjalanan getih, aya kacampur antara jelema jeung jelema, diantara perjalan getih aya oge anu kacampur jeung siluman or jin, nah anu kadua ieu anu rada "bahaya", lantaran anu kadua ieu mah sok rada istimewa atau leuwih punjul tin u lian (leuwih sakti), nah matak diantara suku-suku di Indonesia boga symbol symbol anu sabenerna mah eta teh babiatna (pemujaan nana) keur jaman kapungkurna mis Babiat Babi, Babiat Buaya, Babiat Monyet, Babiat Munding, biat Baywak.jeung saterusna. Getih nu tos terkontaminasi ieu biasana leuwih punjul ti getih anu masih murni keneh, mis babiat munding anu boga sifat pekerja berat, matak teu aneh leuwih punjul. Nah mun rek jadi presiden RI kudu apal suku-suku di RI,sifat-sifatna jeung asal muasalna...beu <<Komen: anu ieu, singketna mah teu acan tiasa diguar seueur teuing anu kedah ditransformasi (kasauran Ambu Diana mah) tina paradigma heubeul ka paradigma "Sunda Kiwari Futuristik" 4.>>Matak kang Dud.....ulah asa-asa mun rek jodo ka Dian Sastro nu ti wetan...pamali ditolak.heueheu. ieu mah hereuy kang Dud.bilih teu acan rarabi <<Komen: eta mah manawi kalebet Istri Kembang Buruan anu dipahing ku karuhun, mangga kanggo Kang Indra bae lah...., abdi mah tos gadung ti Mataram he, he, he, he... menangkeun urang wetan oge. wassalam dudi_ss ----- Original Message ----- From: Tajimalela To: [email protected] Sent: Thursday, February 07, 2008 10:13 AM Subject: RE: Tajimalela>Bupat Priangan asal Pajang lain Mataram RE: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang Guru?? . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
