Tadi sore kuring lalajo acara "Telusur" ti stasion TV "LaTivi", nu topikna
"Kawin Kontrak Lewat HP". Cenah, ayeuna kawin kontrak antara urang Timur
Tengah jeung awewe ti Indonesia, khususna di daerah Sukabumi geus make
teknologi canggih, handphone 3G. Biasana carana di kamar hotel, rerencepan,
nu nyaksian ukur kolot awewe, panghulu "kajajaden" jeung sang makelar. "ijab
Qobul" kawin, make HP 3G, jadi "Si Arab" teu kudu datang ka Indonesia. Make
kamera nu disumputkeun, wartawan TV ieu bisa ngarekam kajadianana. Dina
rekamanana kadenge aya sora basa Arab jeung basa Indonesia, mas kawinna nu
kareungeu 20 juta rupiah ( kurang leuwih 2000 USD). Geus kitu aya ucapan:
"Sah ....sah....sah ....". Sigana mah ti panghulu "kajajaden".
Si Awewe nu geus "dikawin kontrak" engke dikirim ku makelar ka Arab,
papanggih jeung salaki kontrakna di Tanah Arab. Ceuk makelarna, waktu
diwawancara, manehna meunang sabuduereun satengahna ti mas-kawin, jadi lamun
20 juta, manehna meunang antara 9-10 juta rupiah. Hiji usaha nu
nguntungkeun. Si Awewe nu dikontrak, alesanana hayang nyenangkeun kolot, ari
kolotna boga alesan tinimbang ngablu kaditu-kadieu, mending kawin kontrak ,
cenah mah jadi boga "masa depan" ......
Salah saurang ketua MUI, waktu diwawancara nyarios, kawin kontrak teu
meunang dina Islam, ieu sarua jeung jinah. Komo ceuk aktivis perempuan mah,
cenah, salian ti prostitusi oge mangrupakeun perbudakan/ perdagangan manusa.
Tapi anehna, sanajan ceuk itu jeung ieu kawin kontrak teh sarua jeung jinah,
tapi tetep we "jalan terus". Ceuk acara TV eta, kantong-kantong awewe nu
bisa diajak kawin-kontrak aya di daerah Sukabumi jeung Cianjur. Para
makelar / calo asruk-asrukan di kampung-kampung di daerah ieu.
Terus terang, lalajo acara eta, aya rasa "mentegeg", asa kahina, jeung ambek
kapegung, da Sukabumi teh geus asa lembur sorangan, sanajan lembur pamajikan
oge. Tapi rek ngambek kasaha, da meureun faktana kitu. Ngan hayang ngurihit
ka para inohong di Sukabumi jeung Cianjur, cik lah ngayakeun tindakan, ulah
"image" Sukabumi jeung Cianjur teh jadi goreng kieu. Tindakan nu nyata, lain
tindakan ukur sakadar slogan ........
Baktos,
WALUYA
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/