Leres pisan kanggo wikipedia basa Sunda mah kaayaanna kitu. Eusina masih tiasa dipercaya. Mun aya kalepatan nyerat oge masih tiasa dikoreksi da kuncen-kuncenna balalageur.
Sim kuring mah bade nyorot artikel wikipedia basa Inggris nu pakait sareng sajarah Indonesia hungkul (da artikel ngeunaan elmu pasti mah dijamin reliabilitasna teh). Artikel ieu kirang objektif, pinuh ku kaagulan ka hiji etnis ti beulah wetan. Artikelna tiasa ditingali dina kaca http://en.wikipedia.org/wiki/History_of_Indonesia. Sawatara waktos kapengker sim kuring nyobian ngalebetkeun seratan ngeunaan Tarumanagara sareng Karajaan Sunda, da keukeuh henteu kenging, pajar teh eta seratan henteu peryogi dilebetkeun kana high level summary. Padahal mah ari sajarah ti seler anjeunna meni euyeub diserat di eta kaca. Ahirna seratan Tarumanagara ngan lebet kana bagian early kingdoms samentawis Sunda Kingdom mung ditempel judulna hungkul di palih katuhu. Jelas pisan dina artikel kasajarahan Indonesia, wikipedia basa Inggris dikawasa ku sagolongan oknum kuncen sareng pamake anu henteu objektif. Panginten artikel kasajarahan Indonesia dina basa kosta sanesna oge henteu benten. Tingali wae artikel Sunda dina wikipedia basa Perancis (http://fr.wikipedia.org/wiki/Sunda). Di dinya aya seratan: Sunda (gentilé : Sundanais) est le nom du pays qui, aujourd'hui, correspond en gros aux provinces indonésiennes de Banten et Java Ouest, c'est-à-dire le tiers occidental de l'île de Java. Toutefois, la plupart des spécialistes ont tendance à mettre à part les régions de Banten et de Cirebon, anciens sultanats fortement influencés par la culture javanaise depuis le XVIe siècle, à la suite de la chute en 1579 du dernier royaume sundanais, Pajajaran, défait par de Banten. Di tarjamahkeun kana basa Inggris nganggo mesin google: Sunda (gentilé: Sundanese) is the name of the country, which today corresponds roughly to the Indonesian provinces of Banten and West Java, ie the western third of the island of Java. However, most experts tend to set aside parts of Banten and Cirebon, former sultanates strongly influenced by Javanese culture since the sixteenth century, following the collapse in 1579 of the last kingdom sundanais, Pajajaran, defeated by Banten. Jelas si pamake wikipedia basa Perancis nu nyerat sajarah Sunda oge henteu objektif, nyerat reh Banten sareng Cirebon sanes Sunda. Padahal pan Banten teh lega, data statistik BPS ge nunjukkeun yen mayoritas urang Banten teh urang Sunda. Urang jawa mah pan ngan imigrasi ka kota serang sareng Cilegon, Tangerang hungkul. Tapi si pamake wiki eta sangeunahna pisan nyimpulkeun Banten teh lain Sunda karana kapangaruhan ku Jawa cenah. Di tilas Kasultanan Cirebon oge pan sami, di Kuningan sareng Majalengka mah seueur keneh urang Sunda (can janti ka silih ku junti teuing) tapi beut disimpulkeun tilas kasultanan Cirebon sanes bagian tina Sunda. Salam, Aschev ----- Original Message ---- From: Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, February 7, 2008 2:41:35 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Wikipedia teu bisa dipercaya? Wikipedia, enslikopedia nu saha wae tiasa ngiringan, ngedit tur ngarobah sakahayang .. Kaidak ilmiahna, kudu nuliskeun sumberna dina rujukan. Sababaraha artikel, utamana nu kiwari, kadangkala masih keneh "diperdebatkan" tur kacida gumantungna kana "interest" nu nulis. Ku sabab kitu, dina wikipedia Basa Sunda hususna, saperti dina e-mail kang Asep, para kontributor nulis hal-hal nu pakait jeung karesepna. Hal ieu, hiji kaunggulan sabab naon ditulis tangtu bakal leuwih teleb, da ku resep tea. Kalemahanna, tina segi Basa Sunda, kadangkala sok rada aneh, meureun pedah geus lila teu diajar Basa Sunda. baktos, budhi kurono kopo 241 On 2/7/08, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com> wrote: Ieu aya bewara anu netelakeun informasi di wikipedia, teu tiasa janten andelan, kumargi tiasa dirobah-robah ku saha wae kalayan teu jelas tanggeil walerna. baktos, mrachmat uidipura Orang kan bisa mengubah isi Wikipedia atau Facebook sesukanya, tak jelas itu info benar atau ngawur, tak jelas pula pertanggung jawabannya. Info di Wikikpedia dan Facebook sekadar untuk masukan, tak apa. Tapi harus diverifikasi ke sumber lain.... > http://www.journali sm.co.uk/ 2/articles/ 530941.php > > AFP reporters barred from using Wikipedia and > Facebook as sources ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile. yahoo.com/ ;_ylt=Ahu06i62sR 8HDtDypao8Wcj9tA cJ -- Budhi Setiawan e-mail: [EMAIL PROTECTED] ac.jp web: http://budhisetiawa n.net/ ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
