Wa'laikum salam wr wb., Rampes Kang Yaya, wilujeng sumping,
Nuhun parantos kersa aub di milist kisunda. Bieu pisan karek diobrolkeun dina pamairan si kuring kana salah sahiji posting anu nyabit-nyabit kuliner Sunda. Nya dihubungkeun wae jeung jejer panalungtikan salira danget ieu: edible medicinal plants minangka onjoyna herbal di tatar Sunda. Mangga atuh geura pedar oleh-oleh salami di nagari jinseng teh. Tangtuna leubeut ku bekel, rebo ku oleh-oleh. Loba luang jeung daluang. Di milist seueur kacida anu ngani-nganti pedaran salira, boh ngeunaan farmakologi - herbal Sunda oge nu sanesna. Bagja temenan ieu milist kasumpingan salah saurang pakar dina widang farmasi. Ngeunaan rajah pangbuka mah hampura, teu tiasa mairan, jalaran jadi ngaderegdeg. Muga-muga wae silaturahim nu teu weleh nganteng di alam maya terus atra ti baheula, ayeuna nepi ka engke. baktosna, manAR On Thu, Feb 14, 2008 at 2:55 PM, Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu alaikum > > Sampurasun kula cunduk, > Di bumi kisunda tea, > Seja seba nyawa, bakti diri > Manawi bahan katampi, > Rumaos diri kuring mah laif, > Urang lembur Tungtung Seoul, > Manjang-munjung jauh ka bedug, > > Janji kuring deui sahiji, > Seja kula rek ibadah, > Bakti diri ka Yang Widi, > Seja ikrar ku shahadat > Moal rek dagang ngacacang > Seja tunduk kana pisaur > Karuhun kuncena Kisunda > > Pamundut deui sahiji, > Mugi kula ulah disaha-saha, > Sanajan enya teu wanoh, > Omat ulah disieuh-sieuh, > Manawi susuganan, > Aya manfaatna, amin. > > Tungtung Seoul > Kang > > __________________________________________________________ > Be a better friend, newshound, and > know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. > http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
