Rampes, Kang Radiman linggih dimana? Upami di Bandung mah salira tiasa sumping ka Rumah Baca kersana Ua Sas (kuncen di milist sapalih, penasehat Yayasan Perceka anu ngokolakeun milist Kusnet di sapalih). Di Rumah Baca Ua Sas, Margacinta (caket bumi Kang Ibing; atawa anu gampil: ka toko buku anjeunna di pasar Suci, caket Pusda'i), lengkep pisan buku2 kasundaan, kalebet buku sajarah Sunda anu aya.
Tiasa oge Kang Radiman angkat ka pustaka kiblat buku utama atawa penerbit Cupumanik (PPS) di Jl. Karawitan (tiasa dihubungan Kang Dadan Sutisna, di abdi aya no hp-na, japri wae). Di dinya oge lengkep buku2 kasundaan, kalebet buku sajarah Sunda. Anapon di kuring mah aya oge mung hiji dua. Diantarana: "Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB) sareng buku2 naskah kuno (fotocopyan, tangtu wae :) ) saperti: "Sanghiyang Siksa Kanda Karesian", "Sewaka Darma", "Jatiniskala", "Pustaka I Rajya-rajya i Bhumi Nusantara" (eta oge ngan sajilid). Ari bade mah mangga wae, tiasa sumping atawa kontak2an heula. manAR On Feb 15, 2008 11:07 AM, adam radiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > sampurasun, > > akang2, teteh2. > > hapunten, sim kuring aya pertaorasan.kuring teh nuju resep pisan ngulik > masalah sajarah sunda. > naha akang2 atanapi teteh2 terang dimana kuring tiasa milarian buku > sajarah sunda? > > hatur nuhun sateuacanna, > > wassalam, > adam > > __________________________________________________________ > Never miss a thing. Make Yahoo your home page. > http://www.yahoo.com/r/hs > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
