Hih, ku gagabah..puguh2 JELEMA hayoh disebat tutunan anjing...deuih cnah 
Charles Darwin "evolusi ONET"  nu puguh  C.Darwin nu siga ONET... 

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Baheula, waktu 
mimiti "ngumbara" ka Bandung, kuring sok kaget ku ngaromongna
 sok ditambahan kecap "Anjir", komo sanggeus nyaho yen kecap "anjir" teh tina
 kecap "anjing" (memaki). Kuring urang lembur, di Sumedangna oge lain di
 kotana, malah baheula, jaman kuring keur budak, listrik oge euweuh. Urang
 lembur lamun ngaromong memang sakapeung garihal, tapi nyaeta henteu ari make
 kecap "anjing" mah. Tepi ka ayeuna kuring, teu bisa lamun ngobrol make kecap
 "anjir" da nyaeta asa sarua wae jeung nyebut "anjing" ka nu diajak ngobrol.
 
 Lain wae kuring nu risih ku kecap "Anjir", Pa Brahmantyo, geologist dosen
 ITB nu loba neuleuman geologi di Bandung, kungsi nulis di millis kisunda,
 cenah urang Bandung mah bener-bener saperti Sangkuriang, turunan anjing.
 Puguh atuh ngararambek, kaasup kuring jeung Ua Sas (lamun teu salah, bisa
 ditempo dina Arsip kisunda). Pa Brahmantyo pundung, kaluar ti millis. Tapi
 sigana mah rada "kanyenyerian"da geuning diobrolkeun ka kolegana, sabab
 kuring kungsi ngadenge ti kolegana (Pak Bandono), cenah ceuk Pak Brahmantyo
 urang sunda mah gampang ngambek, geus sidik eta kecap teh kurang pantes.
 Kuring ukur nyerengeh seuri, padahal nu harita rada "heuras" teh dina
 ngajawab postinganana kuring sorangan.
 
 Timana atuh awal muasalna kecap "anjir"? dua poe kamari kuring ngobrol jeung
 lanceuk perkara ieu. Cenah ceuk manehna, kecap Anjir teh mucunghul lain ti
 kampung dusun meledug nu teu kungsi ngahakan sakolaan, tapi ti kota,
 khususna ti Bandung.  Ieu kecap sering diucapkeun ku Urang Cina dina ngambek
 ka pagawena, maksudna meureun, supaya peureus jeung karasa kanu
 dicarekanana. Nya kulantaran ari di kota mah jelemana campur, lain urang
 Sunda wae, teu pati ngarti yen ngucapkeun "anjir" teh sarua we jeung nyebut
 "anjing" kanu ngobrol, kecap "anjir" jadi populer, pangpangna di daerah
 "slum". Tapi kulantaran "dipikaresep" sigana mah, nya nerekab kamana-mana,
 pangpangna ka tempat-tempat sabudeureun Bandung (Sumedang, Garut ...jst),
 
 Kecap samodel kieu, aya dina unggal basa sejen oge, contona dina basa
 Inggris oge aya kecap "fuck" nu diumbar dimana-mana. Tapi sigana henteu ari
 dina hal-hal nu resmi jeung media publik mah. Biasana dina novel atawa pilem
 sok kaluar kecap-kecap ieu, meureun supaya saujratna nembongkeun kaayaan nu
 sabenerna dina dialog hiji masyarakat.
 
 Anjir oge kitu sigana mah, alus oge diasupkeun ka millis, ngan alusna siga
 "kutrat-kotret"na Kolom Madhapi dina Pikiran Rakyat, nu siga "motret" kumaha 
 dialog sabagian urang
 Sunda teh. Lamun dialog langsung (Unjang-anjing kanu diajak ngobrol) 
 rarasaan teh masih karasa teu ngeunahna
 disebut "anjing" ku nu ngajak ngobrol .....
 
 Cag ...ah ...
 
 Baktos,
 WALUYA
 
 
     
                               

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke