Aeh Kang Rachmat, na sajalan pisan emutan teh jeung lamunan si kuring.
Puguh tadi pasosore teh rada ngalamun, lamun seug Mj sapuk, ieu lahan
di Punclut anu 1 hektar teh jadi bahan panalungtikan anjeunna, nyieun
tata ruang khas Sunda anu di jerona aya: warung khas adat Sunda,
kampung buku, jeung pakalangan pintonan seni. Mataholangna: tata ruang
publik anu bisa mere lolongkrang ka saha wae warga masyarakat pikeun
mintonkeun kreativitas budayana kalawan spontan.

Memang ieu lahan anu 1 hektar teh can jinek pisan, kudu aya usaha tim
pikeun ngolo ka nu bogana, sangkan dipaparinkeun ka urang pikeun ieu
kagiatan. Anu dimaksud, mun bisa, teu kudu dibeuli ieu lahan teh, tapi
cukup dikontrak atawa...jadi saham inyana dina ieu usaha. Lokasina mah
lumayan hade, sisi jalan pisan, jalan bandung-Lembang liwat Punclut.

Halah, geus rada ngalangkang: aya pakalangan mintonkeun seni rakyat,
model panggung terbuka keur pintonan sarupaning calung, angklung jeung
seni tradisi lianna. Beh sisi, aya warung-warung rakyat tapi anu
dikokolakeun ku organisasi/tim tea, laju di sisi sejenna--keur
pabeubeuran utamana mah - aya imah baca buku-buku Sunda,...jeung
sajabana. Teuing naon ngaranna ieu wewengkon model kitu,  Keun eta mah
bagean Mj ngemutanana. Sugan wae kaparengkeun. Amin.

Kanggo Kang Agus...meh hilap, Kang Roza tea. Muhun, juragan kala
sunda. Kamari ngajapri ka si kuring, naroskeun soal Atlantis anu
leungit tea cenah taya pian ti Sundaland, ieu alamat emailna
dikantetkeun dina cc. Mugia aya manfaatna.

manAR

,
On 2/19/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tah geuning aya ahli dina widang interior khas
> kasundaan. Sae upami dipadukeun/digabungkeun sareng
> hasil panalungtikan S3 na mang Jamal, anu nuju
> dikeureuyeuh keneh.
>
> Anu kaimpleng ku kuring perkawis sanesna nyaeta
> milarian asupan ti para koki (tukang masak) anu tos
> gaduh pangalaman internasional di widangna. Aya
> rerencangan waktos SMP anu damel janten koki di Hotel
> Sheraton Gunung sahari Jakarta. Aya  tatangga di
> lembur janten koki di Hotel Horison Ancol, ngalih
> janten koki di kapal pesiar, teras ngalih deui ka kota
> Tembagapura Papua (Freeport). Namung ayeuna teu aya
> wartosna deui.
>
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura
>
> --- agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > sampurasuuun,
> >   sim kuring kaleresan bade muka warung soto
> > bandung,nuju milarian tempat, hoyongna di daerah
> > lodaya, talaga bodas, tapi teu acan mendak.
> >
> >   pami ieu milis bade ngadamel restoran,... abdi
> > ngadukung.
> >   kaleresan latar belakang sim kuring desainer
> > interior , mangga perkawis suasana 'nyunda' na ku
> > abdi tiasa dibantosan,..., referensi bentuk, sim
> > kuring tiasa nyandak referensi na ti kang roza,
> > pakar kalasunda tea, nu tukang arsitek oge,...
> >
> >   mugi tiasa kaanggo.
> >   rampes
> >   =roche=
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Be a better friend, newshound, and know-it-all with
> > Yahoo! Mobile.  Try it now.
> >
> > [Non-text portions of this message have been
> > removed]
> >
> >
>
>
>
>
> ____________________________________________________________________________________
> Be a better friend, newshound, and
> know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.
> http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>
>


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke