Saena mah gula beureumna meunang nyadap sorangan, naheur legen
nyalira, nepi ka nitiskeunana. Mmmhhh pedo pisan eta duga dicolek ku
beuleum sampeu, jadi wae nostalgia keur budak, pipir hawu Mang Eji,
pangebon jeung panyawah pang solehna ceuk pun bapa mah :).  Atuh
maduna kenging karancagean nyalira, ti mimiti nandaan engang atawa
nyiruan anu nuju ngaroris kembang, mangdamelkeun sayangna, teras
misah-misahkeun maduna.....hehehe.  Ala kuli hal hatur nuhun pisan
Ambu. Abdi haqqul yakin kana resep model ti Ambu teh, mung kalan-kalan
sok keur seepeun barang.

Madu asana aya keneh, kamari basa mulang ti Indramayu nukeuran sabotol
di Majalengka. Gula beureum? sigana kudu ngalongok deui Lumbung. Di
Pasir Pogor-Lumbung, gula kawungna baradag, sagede-gede piring teh
lain bohong. Henteu sagede piring pisan mah, ampir wae. Naon deui nya?
oh muhun, endog hayam kampung. Ngan kudu anu karek crut ti surgana
saurna Ambu? Leuh ieu anu matak ngalatih kasabaran oge manajemen teh.
Kumaha carana sangkan unggal isuk aya anu ngurunyung ngasongkeun endog
hayam kampung baru crut tina ...busurna. Aya nu gaduh ideu? mangga
sakantenan ulah pameng. diantos pisan.

Dina leresan ideu-ideu manajemen sangkan gaduh akses kana endog hayam
kampung (kampung mana wae, moal dibeda-beda), abdi sacara khusus
ngahaturanan gan Ema, gan Agus, Mh, oge nu sanesna kanggo ulubiung
maparin bongbolongan. Mangga dihaturanan.

baktos,
manAR






On Thu, Jun 26, 2008 at 2:03 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> On Thu, Jun 26, 2008 at 2:57 PM, richadiana kartakusuma
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> oge kang Oman
>> poma ulah hilap, unggal dinten kdah ngeureuyeuh ngaleu-euutan Madu "ASLI"
>> sareng parud koneng + endog hayam KAMPUNG beu-beureumna..
>>
>> Kdah endog hayam kampung...nu nembe "prol borosot" tina si burik...antosan
>> bae...sing sabar...pami aya nu ngingon hayam kampung..wios nu tatangga
>> ge...enggal...didodoho...tewak pencet beuteungna...ngkeh prol
>> endogna....hayamna uihkeun deui ka tatangga nya.
>>
>
> ambu, mani nyiksa pisan resep teh, telenges kacida teuing, teu aya
> ras-ras-an peri-kahayaman. hehehe. matih eta resep teh ambu? hehehe.
>
> salam,
> mh
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke