Nya prung wae kang Agus, geura garapan, didisukusikeun wae mah palias
teu laju-laju. Dina padungdengan mah memang asa gampang pisan
ngobrolkeun formula hiji tulisan teh, tapi, dina prak-prakana mah
sigana henteu gampang. Anu hasil engkena tangtu anu digarapan,
sakumaha saena konsep, upama teu dilaksanakeun apan kari kahayang wae.
Ieu seja nambihan keur bahan pamandangan. Nyandak hati nurani salaku
power PS eta sae, mung hati nurani nu mana? kadarna anu tos kumaha si
nurani teh? Sabab, satiap jelema anu digelarkeun di alam dunya, dina
kadar gede leutikna tangtu mibanda nurani. Tapi, pan anu jadi gelar PS
mah nga hiji (sok sanaos tangtu gaduh rai atawa raka atawa kulawadet
sanesna). Tah, sigana hade lamun dikotektak, nurani anu kumaha anu
nepi ka naekeun darajat PS nepi ka sakitu nyambuang namina sa
Nusantara atawa leuwih jauh deui sa Asia Tenggara?
Upaman, candak wae salah sahijina, aspek kapamimpinan. Sababaraha data
tiasa jadi bahan pamiangan. Upamana, naskah Sanghiyang Siksa Kanda Ng
Karesian (SSKNK). Dina eta buku aya sababaraha karakter kapamimpinan
Siliwangi, upamana wae: gaya komunikasi pamimpin, karakter pamimpin,
karakter sdm anu jadi citra atawa cita-cita pamimpin (opat paharaman,
pangimbuhing twah, dasapasanta, jst). Medar kaitan SSKNK - Ni Dawit-
PS wae sigana bisa meakeun satengah buku komik.
Hal anu saerti di luhur (fokus kana aspek-aspek penting) ti sang tokoh
(PS), komo lamun anu cukup rujukanana (boh naskah atawa carita lisan),
sabenerna urang geus nincak kana lengkah revitalisasi budaya
(sakurang-kurangna dina tataran sosialisasi ngaliwatan komik).
Sababaraha ajen-inajen poko anu penting keur alam kakiwarian, pasti
kaguar oge kalawan ditepikeun ku seni tea (seni komik). Upamana wae,
ngalangkungan eta komik, urang tiasa ngali (menggali) deui ajen-inajen
keur ngaronjatkeun etos kerja. Tetenggerna dina SSKNK tos aya, upamana
wae naon anu disebut ku istilah SSKNK : "galah cidek tinugelan", atawa
"ala panyaraman", jst.
Sakitu heula kang Agus, mun serius hayu urang tepung hehehe.
salam,
manAR
On Tue, Jun 24, 2008 at 12:15 PM, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sampurasun,...
> 5. seeur keneh,..... panginten, tiasa di lengkapan ku kisunda sanesna,...
>
> akang,ceuceu kisunda,....
> 'maca' PS ku nurani simkuring,... beurat pisan ngalampahanana,...
> kadang ku tafakur, ngabayangkeun, konsentrasi bathin ngalenyepan
> kasusah kakang prabu keur baheula di dzholimi ku pihak musuh,... eta
> tiasa ngajadikeun simkuring tiba2 ceurik teu pupuguh,... sesak nafas,
> emosi timbul ngagedur, ... ngan teu puguh, emosi ka saha, kunaon sabab
> na,.... nafsu kabedung.
>
> KASIMPULAN:
> stiap carita ,aya bogalalakona,...
> nga-analisa tina carita nu tenar/ agung,... umpamana,... BHARATAYUDA ;
> ceuk abdi, tingkatan elmu nu tinggi aya di YUDHISTIRA, padahal anjeuna
> nu paling 'teu sakti' dibandingkeun jeung balad na nu sanes.
>
> SEMAR; sederhana dan sangat merakyat; inti kadigjayaan manusa nu bener.
>
> LORD OF THE RING ; Frodo Baggins sebagai tokoh utama, teu boga
> kakuatan nanaon,... tapi nurani manehna nu nentukeun kamenangan pihak
> kebenaran. raja (theoden), pendeta (saruman) wae,... kagoda ku
> kakuatan cincin setan (sauron)... jadi, tokoh utama tidak harus sakti,
> tapi kahebatan /kakuatan nurani ieu nu tiasa janten menarik.
>
> tah,.... ceuk abdi mah, penggalian NURANI PS langkung rame jeung di
> jantenkeun inti POWER na bogalalakon tea,...
>
> (pan perang besar itu ada di diri kita... leres teu? )
>
> tina proses perjalanan PS, mangga tiasa di urutkeun sagala
> kasaktian,.. kebal, ngaleungit, ngapung, nyerep elmu lawan, berubah '
> bentuk, jsb jsb,... mung ,tong janten 'gampang teuing ,.. kedah aya '
> perjuangan' untuk mendapatkannya,.... ieu meh ngadidik pembaca
> "berusaha dulu kalau ingin mendapatkan sesuatu"
>
> sakitu samentawis,... kirang langkungna,.... mugia dihapunten.
> =r=
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/