Sabenerna ulah keuheul teuing kana "kagok" teh. Kanyataanana, urang memang mindengna hirup teh di dunya nu kagok. Sok geura emut-emut, boh keur nyorangan atawa keur campur gaul, na da lolobana mah kararagok :). Anu mitohana aya keneh dikieuna, sok mindeng pisan kagok lamun keur adu hareupan jeung mitoha teh, komo lamun saimah mah. Anu boga dunungan, sok mindeng kagok ku dunungan, dunungan mah geus kamana, urang geus beh ditueun kamana, jadi kagok hehehe. Komo anu sok ngaroko mah, loba pisan kagok na teh. Contona, rek ka cai roko kagok, geus pondok tapi lebar dipiceun, antukna ka cai mekel roko bari anu eukeur mah napel na biwir. Loba anu KB teu hasil oge kulantaran kagok, make rumus biar hansip tea heuheu. Jadi, kudu heman ka si "kagok" teh.
manAR On Fri, Jun 27, 2008 at 10:10 AM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > tah upami kagok borontok lumpatna teh kana virus, he he he > jigana salian ti kagok borontok teh aya oge > kagok blue fantasy, > kagok amburadul, > kagok pendekar blank, > sarupaning kakagokan dina virus we, he he > > kagok anti-uin.org, he he > > On Fri, Jun 27, 2008 at 9:39 AM, Dens - EBusiness Staff > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> Leres panginten nya Kang .... >> Kagok selon, kapalang borontok...... >> ......:) >> >> Kang Dens >> >> >> At 09:25 27/06/2008, you wrote: >> >> "Kagok selon aing mah!, kuaing dirusak kabeh !". >> Kitu meureun ceuk mahasiswa anu ngaduruk mobil jeung >> ngarusak pager Gedong MPR. >> Kitu oge Pulisi, "Kagok selon, kuaing ditabrak siah >> mahasiswa anu maledogan ka mobil aing !". >> >> Kualatan kanaikan BBM memang karasa pisan karasana, di >> Bandung dugi ka listrik oge giliran pareum. >> (Ceuk urang PLN, "kagok selon ku aing dipareuman tah >> listrik sa Bandung, bongan atuda BBM naek"). >> >> Cikan aya teu nya padanan kata anu pasna dina basa >> Indonesia atanapi basa Inggris, "kagok selon" ? >> >> Nyanggakeun. >> mz >> >> >> >> __________ NOD32 3222 (20080626) Information __________ >> >> This message was checked by NOD32 antivirus system. >> http://www.eset.com > > > -- > Ema Sujalma > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
