Para wargi,
Nyanggakeun di handap aya banyolan ti urang Banten, sugan-sugan tiasa nambihan
wawasan urang ngeunaan jiga kumaha basa Sunda Banten kiwari.
Salam,
Aschev Schuraschev
----- Forwarded Message ----
From: Semugunting <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, June 27, 2008 11:05:48 AM
Subject: Fw: [WongBanten] banyol
----- Forwarded Message ----
From: Sp Saprudin <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, June 27, 2008 10:45:25 AM
Subject: [WongBanten] banyol
Ajot : Jon, tahun sabarahan waktu Iraq diserbu pasukan sekutu
Joni : teuing tahun sabaraha
Ajot : perang canggih nya.....merebutkeun naon nyah?
Joni : pan eta gara-garana Iraq nyerbu Quwait
Ajot : Kuanaon make diserbu, pan saruan nagara Islam
Joni : teuing atuh....marebutkeun tumbila meureun
Ajot : Siah mah....maenya marebutkeun tumbila sampe kajadi perang?
Joni : Bisa bae atuh..he.he. .
Ajot : Ceuk urang mah marebutkeun minyak
Joni : Minyak naon? Minyak jalantah?
Ajot : Beleguk siah mah, atuh minyak bumi!
Joni : marebutkeun minyak, padahal Iraq boga minyak Kuwait boga minyak....
Ajot : kitu geuning mun pamimpin geus sarakah
Joni : Saruan di nagara urang oge, loba pamimpin sarakah
Ajot : Sarakah dunya nyah?
Joni : Heueh....... ..sarakah manusa kajadi perang
Ajot : jadi be perang nyah
Joni : heueh perang ..... tapi perang Iraq perang canggih, lain pake bambu
runcing
Ajot : Pasukan Iraq boga kapal MIG, SUKOI, Rudal Scuud jeung Tank Baja buatan
Rusia, kabeh canggih
Joni : Pasukan sakutu oge lewih canggih, aya F16, F8, Pesawat Siluman B8, Rudal
Patriot
Ajot : meni rame nyah, urang nempo dina koran jeung maca dina TV iiiih......
pikasieuneun
Joni : Ari maneh oon ti kamari can cageur-cageur Jot?
Ajot : ooan kumaha aing teh?
Joni : dimana-mana mun maca mah di koran lain TV, jeung deui dimana-mana mun
nempo di TV lain di koran, dasar oon...
Ajot : maklum Jon, geus kolot
Joni : gaya siah....hayang disebut kolot, umur kara saumur jagong
Ajot : Jon....eta nempo kapal perang meni pasuliwer, komo ningali MIG jeung
Sukoi..uuuuuh. ...meni tarik pisan hiberna
Joni : tapi pasukan sekutu henteu keder nempo Mig jeung Sukao
Ajot : hiji mangsa kapal MIG nyerbu pasukan sekutu mawa bom......... .
Joni : pan dibalas kurudal patriot..... .
Ajot : hiji mangsa pasukan Iraq make kapal Sukaoi ngabom pasukan sakutu....
Joni : pan dibalas ku kapal F16.........
Ajot : hiji mangsa pasukan Iraq ngirim rudal Scuud......
Joni : tapi rudalna nyasar.....
Ajot : tapi loba tantara sakutu marodar...
Joni : sabab tantara sakutuna keur sarare marodol, teu kungsi lumpat
Ajot : Pasukan Iraq boga kapal pengintai... ..
Joni : tapi pasukan sakutu henteu sieuneun kana kapal penginati Iraq....
Ajot : henteu sieuneun kuamaha?
Joni : da buktina, waktu kapal pengintai Iraq liwat pasukan saktu tenang-tenang
bae...
Ajot : kunaon kitu ?
Joni : da pasukan sakutu nyahoeun, yen kapal pengintai Iraq teh buatan
Indonesia, henteu kudu dibalas pake tembakan
Ajot : na kunaon henteu ditembak?
Joni : Ceuk komandan pasukan sekutu ka anak buahna teu kudu ditembak, engke ge
ragrag sorangan....
Ajot : Anjrit siah!!
________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail. com.