Rampes,
Alah mani ararisin macaan komentar-komentar ti para wargi anggota 
Wilis Sunda ngeunaan seratan pribados dina KabarIndonesia.com. Mani 
seueur sinareng marunel deuih. Aya oge komentar nu porno 
pikasebeleun jeung  pikaseurieun campur bodor. Ha...ha....ha  nuhun, 
sadayana katampi pisan, lur !

Nanging aya sababaraha wargi ti Wilis Sunda (sakumaha seratna 
didugikeun liwat mang Ucup), anu peryogi ku pribados bade 
dikomentaran deui. Kukituna punten we pangdugikeun ka marantena ieu 
komentar balik. Utamina ka pak Sariman, pak Agus Pakusarakan, 
sinareng Ambu alias Abah Kartakusumah. Nanging paralun oge, hapunten 
anu kasuhun, ieu mah sanes bade maksad culangung kontra ngomentar, 
nun!. 

1. Kanggo pak Sariman sinareng pak Agus Pakusarakan. 
Leres pisan eta komentar. Antawis teori sinareng praktek teh 
seuseueurna mah sok tojaiyah, patukang tonggong. Loba ucap batan 
bukti, saur basa kasarna mah. Basa Sunda, saukur diadu renyomkeun. 
Ari hasilna mah atung eneh atung eneh. Tilu tahun kapengker kantos 
di Subang diayakeun kongres nasional ngeunaan basa Sunda. Namung 
dugi kaayeuna teu aya tindak lanjutna nu nyata. Padahal ari laporan 
kongresna mah mani lengkep pisan. 

Oge anjuran supados cumarios ku basa Sunda di pakantoran di Jawa 
Barat khususna di wilayah Pasundan, masih keneh ngabuntut bangkong. 
Pajar teh geuning hese, jeung pabaliut deuih. Nyakitu deui anjuran 
pikeun diajarkeun di sakola-sakola, utama SD sareng SMP, rupina mah 
masih keneh ngarupikeun euphoria. Da taya guru basa Sunda nu tiasa 
ngawulangna cenah. Sareng sajabina sajabina , sarebu kali alasan 
klasik.

Pribados jadi emut jaman kapungkur tahun 50-an waktos sakola di SMP 
Garut. Diajar basa Sunda teh leres-leres. Sanes saukur teori namung 
langsung sareng praktekna. Pribados kantos dibenduan ku guru basa 
Sunda pak Suparma, pedah lepat pok nyebat tuang pikeun 
pribados. "Ari keur diri maneh mah lain tuang atuh jang. Tapi neda 
kituh".  

Kadua kalina, waktos mantenna naros ka murid sadaya perkawis pupuh 
dangdanggula saurna pantesna mun ditembangkeun ku Cianjuran nyurupna 
dina naon?. Pribados guriak pisan ngawaler: "Bayubud pak, sapertos 
tembang: Pajaran tilas Siliwangi...Wawangina kiwari nya dayeuhna 
Bogor....... sareng saterasna". Anjeunna ngagakgak, handarueun jiga 
nu bungah. Na atuh ari pok teh: "Tah alus Yat, cing kahareup! Sok 
kadinyah tembang Cianjuran Bayubud nu tadi tea!".  

Pribados ngahunted teu wantun majeng ka payun. Terang kitu teh pedah 
eta we pun biang sok sering mamaos Cianjuran, kasenengna. Jalaran 
pribados teu wantun kapayun tea angot bari kedah mamaos Cianjuran 
mah, na da eta mah pak Suparma bendu:  "Tah kitu adat gorengna urang 
Sunda teh. Epes meer kandar jangjang. Kumeok memeh dipacok. Cenah 
nyaah kana budaya Sunda. Buktina kalah murungkut, dititah tembang 
wae teu wani. Iraha rek majuna atuh budaya Sunda teh"?

Kitu tah sacewir dongeng baheula 56 tahun katukang. Angot ayeuna mah 
langkung orowodol deui rupina. Tinimbang cumarios basa Sunda mah 
kawasna asa legeg keneh nyoroscos basa Inggeris oder Deutsche 
sprachen, saur mang Ucup tea mah! Ha.......ha.......ha, punten nya  
mang Ucup. 

2. Kanggo Ambu.
Hapunten pisan pribados nya Ambu. Eta Ambu mani norolang kitu 
nguningakeun sajarah Sunda. Pribados jadi seuri leutik, geuning aya 
keneh atuh nu langkung ahli ngaguar kalayan merele, eces, sinareng 
jentre, utamina ngeunaan ambrukna karajaan Sunda Pajajaran. Kantenan 
palebah ngaguar kalakuan Gajah Mada nu teu payus sareng pikasebeleun 
mah. Tina referensi mana pajah Gajah Mada ramana Hayam Wuruk?. 
Alhamdulillah bet nembe ayeuna pribados ngadanguna. Sababaraha nu 
bade dikomentaran kana eta seratan ti Ambu, diantawisna:
•       Naha leres Hayam Wuruk teh putra salingkuhan Gajah Mada? 
Margi ditingal tina kalakuan, pangawakan, sinareng beubeungeutan mah 
asa patebih pisan. Taya mantra-mantra sarimbag sinareng saluyu. Ari 
pangawakan Gajah Mada mah jangkung badag, bosongot panon bolotot 
kawas buta, beuteung burayut jika ahli nginum arak. Upami cumarios 
sakeplasna teu didingding kelir. Adatna upami nuju bendu haok gaplok 
sabari molotot. Saur cohagna mah "gelut heula urusan kuma engke".
Sawangsulna ari Hayam Wuruk mah kagungan adat sareng sikapna antieum 
andalemi, tara getas harupaten. Upami aya kateuraos sok langkung 
lantip, ambek sadu santa budi. Salirana jangkung alit sapertos prabu 
Semiaji, upami dina pawayangan mah. Oge pameunteuna kasep 
ngalempereng koneng, teu cunihin, kawas Gajah Mada. Sanaos anom 
keneh oge. Upami cumarios andalemi, lantip kalayan pinuh ku timbang 
taraje. Henteu getas hareupateun. Ningal kana faktor-faktor genetik 
kitu, asa taya pisan kagungan sifat sareng laku-lampah nu sajalan 
sareng Gajah Mada.

Nanging hapunten anu kasuhun, eta ge cenah, mendakan tina sababaraha 
referensi atanapi dongeng dongengek we. Ari saur teori biologis mah, 
atuh sacuil mah kedah we aya nu sami sareng ramana.
Kukituna mugi Ambu tiasa ngaguar nu langkung paos sareng jentre, 
naha leres Hayam Wuruk teh putrana Gajah Mada?

•       Aya deui, dina risalah Ambu ( teu wagelan upami pribados 
nyebat abah?), nu nyarioskeun dina tungtung seratan: BUBAT ANGGEUS, 
SUNDA TUMPUR...SIDHA NGAHIYANG DI PALAGAN...JEP WEH JEMPE. Pamendak 
pribados mah ngawitan rungkadna karajaan Sunda Pajajaran mah dina 
waktos palabuhan Sunda Kalapa  sinareng palabuhan-palabuhan sanesna 
di pantai utara direbut ku pasukan gabungan Islam ti Cirebon, Demak 
sinareng Banten, nu dipimpin ku Fatahillah (ngaran aslina mah 
Fadillah Khan, muslim Tionghoa). Waktos harita nu janten raja 
Pajajaran teh Surawisesa, nu ngagentos kalungguhan ramana Sri Baduga 
Maharaja nu tos pupus. 

Direbutna palabuhan Sunda Kalapa teh, karajaan Sunda beuki kapepet, 
teras ulah alih mundur ka pagunungan palih kidul. Aya oge nu ka 
wetan sareng kulon.

Namung hapunten Abah, ieu mah sanes bade ngusik-ngusik ula mandi 
ngahudangkeun macan turu saur paripaos tea mah. Runtagna karajaan 
Sunda Pajajaran teh dalah saatosna Sunda Kalapa direbut ku Mataram, 
tanggal 22 Juni 1527. Nami Sunda Kalapa digentos janten Jayakarta, 
nu kiwari kasohor Jakarta tea. Pananggalan eta ku para inohong 
Jakarta mah dianggo titincakan keur mieling milangkala Kota Jakarta.
Ari emut kana palebah dinya mah naaaa.........bet asa kagagas 
sararedih, nya Bah. Masyarakat Jakarta nu kiwari sasih Juni dugi ka 
Juli nuju galumbira ajrag-ajragan ngayakeun pesta pora mieling 
lahirna kota Jakarta. Nanging kanggo urang Sunda mah, angot nu 
terang kana sajarahna mah, tinangtos bakal sedih kingkin ngangres 
nyurucud ngeclak cimata milu marengan. Ngangres kana nasib runtagna 
karajaan Sunda Pajajaran dina ieu sasih. Namung sakali deui Abah, 
ieu mah sanes bade ngusik-ngusik ula mandi ngahudangkeun macan turu. 
Eta mah tos kitu we faktana sajarah karajaan Sunda Pajajaran.  




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke