Ieu mah perkawis BBM (Bahan Beuleum Minyak) ditaekeun hargana (ceuk para pajabat mah disasuaikeun cenah) salah teu ditaekeun komo bisa-bisa nagara bangkrut (tapi lamun bangkrut nagara mah sakabehna ngasaan susahna teu siga ayeuna ngan rayat leutik wae anu sangsara teh). Hasil minyak bumi di Indonesia kiwari the kurang leuwih 900 rebu Barrels (sabarel = 159 liter), tapi kaperluan Indonesia kurang leuwih 1 1/2 (hiji satengah juta barrel) jadi kakuranganana meuli ti luar bisa meuli minyak mentahna bisa meuli nu tos jadi (premium, solar, sareng anu sanesna) anu hargana tangtu wae harga internasional misalnya minyak mentah $120/Bbl, Premium Rp. 9000 saliter. Ayeuna anu perlu dilakukeun efisiensi di Pertamina, misalna : Jauhan sifat boros dina proses produksi minyak Jauhan sifat hayang korupsi (misalna neangan komisi tina meuli minyak ti luar negeri) BPMIGAS perlu ngetatkeun aturan "Cost Recovery (ngaganti ongkos)", contona wae lamun aya pagawe asing rek ngubaran nyeri huntu ka Singapore anu digantian ngan beaya dokterna wae ulah jiga ayeuna sagalana digantian (ti ongkos transportasi nepi ka sare jeung dahar di Hotel). Sakitu heula ah cape, mangga tambihan ku wargi sanesna Salam, WN
----- Original Message ---- From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, June 27, 2008 8:21:19 PM Subject: Re: [kisunda] Nepangkeun bagja, haturan baraya wilujeng sumping On Fri, Jun 27, 2008 at 7:11 PM, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang Wagiman, Bagea wilujeng lenggah, sumangga diantos seratan sareng pamendakna ngeunaan jejer anu diserat di ieu rohangan. Sakantenan seja nepangkeun sim kuring pun ilen kardani. Sakali deui, bagea wilujeng ngagabung sareng dulur-dulur urang Sunda. Baktosna, At 12:25 PM 6/27/2008, wagimannotorajo wrote: Assalamu'alaikum wr wb, Wilujeng Enjing, .... Kasadaya wargi di Kisunda group abdi bade nepangkeun, Wagiman Notorajo, pun Bapa ti Jateng pun biang ti Bandung abdi lahir di Bandung; pun bapa sareng pun biang ti tahun 1942 di Bandung, ayeuna di KPAD gegerkalong. Wassalam, Wagiman -- Ema Sujalma
