wios atuh adang, sok bae naha, hoyong kamana bae oge tong gadiuh raos ngarawu ku siku namina ge cita2..halah setinggi2nya, moal dosa .... teu ngarugikeun batur da aya dina hate oge emutan urang nu namina cita2 mah
Di Walanda pan aya Mang Kucrup aya Kang Rahman, piraku sugan nepi ka teu ngangen, ngawadahan, ngajajanan. Simpen tah biaya akomodasi, biaya konsumsi oge uang saku....kanggo meser oleh ka tuang rayi, oge keluarga. Teras keh, tong hilap nganjang silarutahmi ka Abah Harja, Kang Ilen di Malaysia sugan dibekelan nu langkung ageung. Take off ti Johor wae (ti bumi Abah Harja) nganggo boat ka Batam...mirah...nembe ngapung ti Batam ka Jakarta....heheheh Kade weh ditingali da manuk beusi buatan urang mah, saur kang "Aseptea" cnah sok ujug2 murag sorangan....lumpuh cnah...da tara di-imunisasi nuju orokna ku serum polio. Wilujeng nya, didungakeun ku nini..."jung geura mangprung mancen tugas...sing jembar lambar...parek rejeki jah balay"...kade ulah nyandak "nonih walanda" hahahahahhh AMBU ----- Original Message ---- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, June 30, 2008 2:58:09 PM Subject: Re: Kumi ka Walanda Re: [kisunda] Re: anggota baru aaah... isu eta mah... da hayangna mah ka Inggris atawa Jerman... heuheuheu... ngarawu ku nyiru On Sat, Jun 28, 2008 at 8:44 AM, Tirta widjaja wrote: Baruk teu beja-beja rek ka Walanda, wilujeng-wilujeng kang Kumi geura gede geura jangkung geura sakola ka walanda. Ulah hilap kang studi perbandingan kelom walanda sareng kelom tasik nya...
