Sapanjang barudak urang aya di tanah parahyangan, ceulina kudu dibiasakeun 
ngadangu gending karesmen sunda, ngadangu kecap-kecap basa sunda dikedalkeun, 
diajarkeun unggah ungguhna perilaku urang sunda jeung bisa maenkeun alat musik 
sunda.

Di Sakola Interaktif Gemilang Mutafannin barudak diajarkan hal-hal sarupa. 
Timimiti pelajaran Basa Sunda. Undak usuk basa, ngaran parabot khas sunda, 
pupuh jeung tulisan sunda kuno. Masya Allah, pun anak ngan meunang ponten 3,5. 
Susah Umi, kitu ceunah. Tapi semangat ngapalkeun sakabehna tetep dijaga. Meh 
teu jadi anti pati kana bas sunda, abdi nyobian corat coret naon wae sarupaning 
tatarucingan anu lalucu make huruf hana caraka. Haaaa...si teteh teh atoheun, 
bari ulin bari diajar. Henteu dibumi, tapi sapanjang perjalanan di mobil. Atuh 
si Ade jeung si kaka ge kabita hayang miluan...
Tatarucingan parabot, tatarucingan ngaran-ngaran sato, jeung sajabina. Jadi we 
di mobil teh rame 'Berbasa sunda ria'.
Aya nu pikaseurieun, nempatkan kecap nu anyar nyaho dimana wae...
Aya nu pundung, da disengseurikeun bae jalaran salah ngedalkeunana...
ah tapi abdi atoh, barudak teu jadi sieun ku basa indung bapana sorangan.

Waktos samen kamari, di sakola diajarkeun tari sunda mapag tamu, anu kenging 
kreasi sorangan tina tari sekar putri jeung ratu graeni. Eta budak pating 
rengkenek nurutkeun conto tapi teu apal cindek-cindekna acan. Sora tuplak 
kendang teu pas jeung gerakan. Tapi keun bae ngarana ge diajar. Uyuhan kitu ge 
meunang diajar 20 poe katukang.
Tapi abdi asa bangga, yen barudak geus mimiti dibiasakeun ngadangu sora 
gamelan, minimal geus aya karesep kana tari sunda. Pastii bakal nagih di 
kegiatan ekskul sakola.

Festival ANgklung kamari di dago tea house mawa angin baru di sakola. Barudak 
jadi sumanget diajar angklung. Sora kurulung angklung geus teu bireuk deui. 
Ampir unggal poe barudak nyempetkeun ka ruangan angklung maen salagu dua lagu 
bae mah geus lancar. Ekskul angklung jadi rame loba nu hayang miluan.
Aya budak nu hiperaktif, jadi gampang diarahkeun. Aya budak nu berkebutuhan 
khusus jadi terapi di ruang angklung. Konsentrasi, motorik halus, jeung sabar 
nunggu giliran maen.

Alhamdulillah saha deui nu rek ngamumule budaya urang lamun lain barudak urang 
soranag. Jeung kudu dimimitian tileuleutik. 
 
Cag ah, sakieu heula..
hapunten anu kasuhun jalaran basa sunda nu bobolokot kieu.
abdi ge nuju diajar nyerat ku basa sunda

salam
AMMY
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


      
___________________________________________________________________________
Nama baru untuk Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke