Masih keneh transisi nagara urang teh Kang Oman.
(duka bade kumaha kapayuna, duka bade pabencar siga
nagara rusia atanapi polandia, paburencay).
Cik emutan, keur jaman Mang Ato almarhum, eta nu
namina Instansi Kejaksaan, sibukan mana di zaman
kiwari jeung jaman Mang Ato ?
Rarasaan jeung ingetan mah asa sibuk zaman ayeunanya?
Nu kadua, kumaha ari Instansi Pulisi ?
Sibukkan mana zaman baheula jeung zaman ayeuna?
Teras bandingkeun jeung instansi Tangtara ? Kumaha
ayeuna damelna ? Aya damel teu nu namina Tangtara,
kumaha babandinganana keur zaman Mang Ato almarhum?
(baheula mah pulisi teh disebut adik "tere", beda atuh
jeung zaman ayeuna, loba tangtara anu kere tibatan
jeung pulisi pangkat sarua).
Teu siriknamah nu namina Akademi Militer teh kuat di
agung-agung baheula mah, na kumaha ari zaman ayeuna ?
Ceuk penyanyi lagendaris asal nagri Australia pernah
ngomong kieu, yan zaman mang Ato mah disebutna nagara
urang(RI) teh nagara militer (anu nyipil). Kuring anu
ngalaman zaman eta asa teu ngarasa (teuing) yen nagara
urang teh nagara militer, asa nagara wajar we, sakola
lancar, pangan kadaharan aya, anu intinamah, nagara
teh sarwa ngatur sagala-galana, ti industri hulur ka
industri hilir, ti urusan tai nepi ka urusan
kahakanan.
Partai politik ngan ukur hiji-hijina, nyaeta GOLKAR
tea, ari PPP jeung PDI mah ngan ukur embel-embel
wungkul, anu sabenernamah jerona koneng keneh koneng
keneh. Pikieun nutupan atawa syarat yen negara urang
teh lain negara diktator militer.
Sabenerna ceuk kuring, nagara urang keur zaman Mang
Ato, teu beda jauh jeung Nagara Deng Xiaoping atawa
RRC ayeuna, ngan bedana ari nagara Cina mah
teges-teges ngan aya hiji partey namina PKC tea.
Kitu oge struktur nagara, ku sistem "dualisme" Abri,
anu katelahna dwifungsi Abri, leres-leres dijalankeun,
cirina katingali pisan dina Pamarentah, asanamah zaman
baheula, ASA JARANG ANU NAMINA WALIKOTA ka luhur dugi
ka MENDAGRI na urang sipil (sanes militer).
Kitu oge intansi (birokrasi) nu namina KEJAKSAAN mung
embel-embel wungkul pikeun nguatkeun sistem
sentralisasi kakuasaan orde baru(kapanjangan leungeun
kakuasaan pusat).
Ku zaman repotnasi ayeuna, aya perobihan kakuasaan,
anu sabenerna strukturna masih make struktur jaman
Mang Ato, ngan ngarubah puseur-puseur kakuasaanna
wungkul.
Sruktur nagara masih keneh zaman mang Ato, anu
hierarkis sentralistis, paciweuh jeung sistem otonomi
kagok asong. Heu euh ceunah otonomi, padahalmah
parebut hayang jadi pangawasa.
Katingali deui, yen struktur nagara urang pabaliut,
misalna, naha propinsi atanapi gubernuran gaduh
wilayah atanapi henteu di zaman ayeuna ?
Apan anu gaduh wilayahmah, kota sareng kabupaten!.
Naha make aya PILKADAL ?
Naha ari Kecamatan teu aya PILKADAL, naha ari Desa aya
PILKADAL, naha ari Kelurahan teu aya PILKADAL.
Ku kondisi kitu, atuh anu namina KESEMPATAN KORUPSI
teh asa mampang meumpeung, nu matak kitu nu namina
instansi KEJAKSAAN atanapi PULISI zaman kiwari mah
PANEN PERKARA.
Teu kuat nahan gogoda jeung dodoja ku tilu perkara,
TAHTA, HARTA JEUN WANOJA, kaadilan mah asup ka tong
sampah asal duit asup jangka imah. (teu boga ka era
saeutik-eutik acan si bedegul teh)
Salam
mz
--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tah, kaayaan hukum - atawa jembarna- kaadilan di
> nagara urang oge teu beda ti kitu, ti lalakon
angonan tea. Geus dicontoan salila 32 taunan
kaadilan teu bener-bener diajegkeun ku anu nyekel
kakawasaan, teu aya kasus badag anu bener-bener
direngsekeun, jeung
sajabana perilaku KKN, antukna malindes ka kajaksaan
agun sorangan. Para inohong jaksa muda harepan
kaadilan nagara jeung kumna masyarakat Indonesia
ayeuna bet neangan modal (duka usaha jual beli
permata, duka usaha bengkel, anu jelas , kehed teh
bisa pisan eta awewe pinuh ku wedak ngulak-gilek
kekecapan) ka nu keur berperkara. Halah, ieu mah lain
wae payung atuh.
Boa-boa nya...heuheu...lain wae payung, lain wae
modal usaha, balikta nepi ka ...ah teu wasa
.nyebutkeunana ...disuguhkeun ku para pencari
keadilamn sepihak teh. Atuh pon kitu deui, ditarampi
wae ku para penegak keadilan naon anu jadi eupan teh.
Emh....Indonesia...bener-bener keur aya dina kaayaan
darurat ningal kitu mah.
> Mangga, diantos usulan ti sadayana keur ngomean
> kaadilan di nagara
> urang anu geus sakitu gawatna (eta geura emut-emut
> rekaman teteleponan
> antara saurang jaksa muda jeung nyi artalyta, mani
> sakitu deuheusna
> eta jaksa ka si neng camberok wedak. sigana leuwih
> deuheus ti ka
> atasanana atawa ka Presiden anu ngangkatna).
>
> manAR
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/