Ambu punten abdi teu aya niat meledek ( e taling atanapi e pepet ? ) heu heu
ngan nyobian "ayat nu hirup" eta ge pami apal...
punten Ambu,

hampuraeun,

On Wed, Jul 2, 2008 at 10:36 AM, richadiana kartakusuma <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   hing-hing ceu rich , eh ceurik, berebet lumpat, imut ngagelenyu, cingogo
> satakerkebek...
>
> Emh............ meni meledek....
>
> ----- Original Message ----
> From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, July 2, 2008 10:18:02 AM
> Subject: Re: [kisunda] Pipikiran jeung basa anu dikedalkeun
>
>  kangge simkuring anu sadidinten teu tiasa interaksi langsung jeung urang
> Sunda
> anu sanesna, ayana milis kasundaan mangrupi sarana anu tiasa *ngahontal
> kahayang hate.
> gerentes anu teu tiasa dibantah...gerentes Sunda.*
> Najan keur di mana wae, eta gerentes teh saleresna nongtoreng. Ieu milis
> puguh wae eusina
> mang pirang-pirang jalmi anu eusi hate, otak sareng kaelmuannana
> benten-benten,
> kasempetan onlina oge benten-benten.
>
> Teu tiasa dibantah oge najan urang boga huruf sunda Kaganga , tapi can
> tiasa diangge
> ngetik pan ? Jadi nu angge teh huruf latin huruf saha ? ti mana ? ku sabab
> eta nya kuring
> nganuhunkeun keneh kanu nyiptakun huruf latin, nepika ayeuna , kujalaran
> huruflatin,
> informasi kasundaan tiasa lancar katampi. HIJI
>
> Kasempetan longgarna waktu sareng kaelmuan anu diagem ku masing-masing
> anggota
> benten oge. Aya oge istilah-istilah ti luar anu sesah disundakeun. WAJAR
>
> Pami sempet tiasa nyundakeun postingan eta kalebet kanugrahan, REUEUS.
>
> janten leres pami tea mah basa-basa samodel
> blak nangkarak
> hing-hing ceu rich , eh ceurik
> berebet lumpat,
> imut ngagelenyu
> cingogo satakerkebek
>
> eta kedah sering mucunghul dong !
>
>
>
>
>
>
>
>
> On Wed, Jul 2, 2008 at 9:56 AM, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@
> yahoo.com <[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>
>>    Ieu mah ngan sakadar "ide", pedah di milis ieu geuning aya anu
>> nyabit-nyabit perkara basa sunda, Basa Indonesia, basa Sanskerta, basa
>> deungeun sareng anu aya pakaitna kana basa.
>>
>>
>>
>> Sok geura lenyepan deui, upama urang nuju mikir (na jero hate/heunteu
>> dikedalkeun) , dina basa naon tah?
>>
>> Padahal basa teh pan "representasi" (ngawakilan) naon-naon anu aya dina
>> jero pikiran urang.
>>
>> Ceuk para "ahli basa" mah cenah, aya pangaruhna jeung aya bedana upama
>> urang mikir dina basa, jeung basa sejenna.
>>
>> Contona Urang Eskimo, aya macem-macem kecap-kecap anu hartina kana kecap
>> salju. Pan upama urang ngaluarkeun kecap salju, gambaranana teh kana kana
>> salju anu bodas. Padahal ceuk urang Eskimo mah, kecap salju teh aya
>> macem-macem.
>>
>>
>>
>> Conto lianna, upamana wae urang Sunda ngagambarkeun hudang tas sare teh
>> bisa macem-macem, contona "kuniang hudang" jeung "korejat hudang". Konsep
>> ieu teh boga harti anu beda pisan.
>>
>>
>>
>> Kunaon perkara ieu dimasalahkeun?
>>
>> Sabab upama urang mikir dina basa anu beda-beda,  ceuk cenah mah, aya
>> pangaruhna oge dina perkara kahirupan sapopoe, nya eta dina perkara budaya
>> tea.
>>
>> Mangga pedar langkung paos, kuring mah ngan sakadar ngalungkeun ide.
>>
>>
>>
>>
>>
>> baktos,
>>
>>
>>
>> mrachmatrawyani
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke