Terasna kumaha tah kang upami jalma anu .........................(titik-titikna di eusian ku jelema anu ngalakukeun illegal logging tea)
tos dijampean kitu ........ Naha baris sadar atanapi baris tambih2 ngalakukeun illegal logging na .....?
cing rada hoyong terang tah kana manuatna eta jampe aki Eon teh .......

Kang Dens

At 21:31 02/07/2008, you wrote:

muhun eta teh ku simkuring di waler kieu

wah eta mah jampe anu mulia, saacana ngajampe kudu dituaran heula eta koruptor-koruptor badag teh, ngan rada susahna teh nu kudu nuaran sareng kudu dituaran sama-sama kongkalikong, hi hi hi lieur….

ari naklukeun musuh nu nuaran kai mah aya :

kieu saurna aki Eon teh :
ca ci cu hamperuning bayu
bayu leuleus bayu leumpeuh bayu hilang
dat hilang si .........................(titik-titikna di eusian ku jelema anu ngalakukeun illegal logging tea)
kalawan widi pangeran
(sahadat)

baktos,



On Wed, Jul 2, 2008 at 8:53 PM, Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

punten ah ngiringan..
Kang Ema Nyerat : "
kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu dituaran? Pan gening di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu gundul….aeh di urang oge tah di Sancang Garut garundul.
kumaha ?"
 
Upami jalma asup ka leuweungna make Jampe, tangtu sakuduna mah ulah kalah ngaruksak Leuweung, komo dugi ka garundul mah...
 
Leuweung urang supados awet mah, sanes ngajampean Leuweungna, tapi jelemana kudu di jampean (kudu di ruwatna) kulantaran teu cageur, geus wani ngaruksak/nuar bari teu melak deui.
 
heheheh :)
 
----- Original Message -----
From: Ema Sujalma
To: [email protected]
Sent: Wednesday, July 02, 2008 9:45 AM
Subject: [kisunda] jampe

sababaraha waktos kapengker kuring kopas jampe asup ka leuweung dilebetkeun kana blog

"ari ngeusian leuweung sang si mirah jaja
hurip ing macan sang si wirajayakala
hurip ing badak sang wirajaya
hurip ing banteng sang si bajulang
hurip ing uncal bajabong
hurip ing mencek sang si rego
hurip ing celeng sang songeng
hurip ing peucang sang ceuk
hurip ing ganggarangan sang cala
hurip ing oray sang batawa
hurip ing landak sang loh
hurip ing langgir sang muluh herang
hurip ing jalan sang lmah herang
hurip ing laut sang lmah jati
hurip ing cadas sag luhur maja
hirup ing dewa sang lahir
hurip ing sagala ratu ning jurig sang si kanda
hurip ing buaya sang jenar
hurip ing kuya sang si maruga…"

teras aya comment anu lebet kana blog kuring ngeunaan JAMPE ASUP KA LEUWEUNG
pertarosan nana teh :

kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu dituaran? Pan gening di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu gundul….aeh di urang oge tah di Sancang Garut garundul.

kumaha ?



--
Ema Sujalma


__________ NOD32 3236 (20080702) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com
__._,_.___

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke