ti awit
sim PRIBADOS ngaGUBRAGkeun maneh ka milis KiSUNDA teh saleresna tos
ngagorowok, ceurik maratan langit, ngoceak ka lawang jagat rehna nasib
perjalanan sejarah Urang Sunda teh tikelebuh (drowned) and actually designed by 
political evidences. 

Parios
geura buku baku yang menjadi panduan sangat umum SEJARAH NASIONAL
INDONESIA II (SNI II: khusus sejarah ti ngongkoak dugi ka ngungkueuk)
taya pisan pakeun "nyongcolang" , sungut dibekep teu kenging "ngomong"
komo medar mah. 

SNI
II teh dikawit gubrag ka dunya direvisi ti 1972, 1974, 1984, 19......
200....dugi ka kiwari, kaleresan taya bejana nu ayeuna mah, terang
soteh "ceuk cnah" bae panitiana aya... ngan duki ngaGUMPLUK na endi!
tapi bet jarempe bae nun

Ayeuna
terbit sajarah Sunda anu justru janten nyawa urang Sunda nu sajati,
paribasana dijejeleh ku dulur misan nu namina "sakadang Sukirno" tea.
Sigana pami teu disodor ku Kang asep mah, oge taya nu malire.

leres
sajarah Sunda Buhun teh "kabaheulaan" cnah (ceuk Abah Harja mah...teu
sawios lah!) tapi mugia para pamiarsa emut, rehna sajarah buhun teh
peristiwa dan fakta (de fakto) yang telah terjadi, tidak bisa dihapus,
teu tiasa dileungitkeun, tapi menjadi bagian inti "nucleus" urang Sunda
nu  kiwari kumelendang di alam fana.

Sanaos
ayeuna tos kalindih, kahiding, ku sababaraha "inovasi"... tapi tetep
tumetep "tidak ada yang bisa menghapus sajarah masa lampauna"

Taqdir rehna Tatar Sunda dijiwaan Tarumanagara, 
Taqdir
rehna Tatar Sunda diluluguan ku Galuh ku Pakwan Pajajaran, ti anggalna
keneh> nu fakta ngarupakeun EMBRIO Urang Sunda kiwari,  balanga
nyawa, nu tetep satia ngocor dina getih, kumelendang dina renghap,
kakancah dina renghap-ranjugna baliga jajantung Urang Sunda satemenna".
Sabab Sunda (nu cnah) buhun teh INDUNG URANG PITUIN, nu ngabojolkeun
urang Sunda sadayana, nu ngasuh Sunda...bari jeung teu pamrih! iwal ti
narima bae dileyekan, ditejehan nepi ka kabelebes teu kepes2. Ayeuna
indung teh beuki langlayeuseun kawas nu taya jasa ngahirupan, oge
nyadiakeun pigeusaneun nepi ka ayeuna! 

cik
atuh, gamparan, juag, daleum, juragan, raden naha bade diantep
bae...saukur ku dongeng, carita hungkul. Naon margina sim uing NGAHAJA
ngeusi Wikipedia Inggris dengan headline The Greatest Siliwangi? kajeun ceuk 
paribasana
kasebat "belegug na basa inggris" sanes ku "ngajago, ieu aing" tapi
menta tulung oge nerangkeun "harta karun Sunda nu sajati" da bongan
dileyekan bae di imah na mah, mangka abdi NEKAD...kumaha engke...pokona
burudulkeun heula etah peperenian nu disumput salindungkeun dina leuit
teh....taya lian ti ngarumat Kasundaan, indung pituin uing nu buyutuk
teu kaurus.

Aya
paribasa "sebelum TUHAN menurunkan hukumnya, lebih baik manusia
memperbaiki dirinya, karena apa yang dilakukan manusia masih dapat
dikendalikan oleh antar sesama. Tetapi jika TUHAN yang menghukum
kita...tidak seorang makhluk pun di jagat semesta ini yang aksn mampu
menolak dan menghindarinya"
   
Rampes
Ambu Wirumananggay





----- Original Message ----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, July 3, 2008 8:40:26 AM
Subject: Re: [kisunda] Bagaimana Orang Jawa ;SURAT KA SULTAN HB-X


ke ke ke... sabar heula, Baraya... Naha baraya kabeh geus yaqin
seyaqin-yaqinnya yen eta Ade Sukirno teh urang Jawa? Ari nilik 'Ade'na
mah, boa2 urang Sunda? Kuring nyoba nyusud di internet, kapanggih ieu
'pangarang' teh teu loba bukuna. Sababaraha nu dikarang mangrupa buku
carita jang barudak.

Samemeh jauh teuing, make jeung nyuratan ka HB-X sagala, mending
teangan heula jinisna, ajak heula ngobrol. Saha nu nyaho manehna nulis
kitu teh alatan kurung batok, lain alatan 'misi nanahaon'.


On 7/3/08, agus rohaendi wrote:
tos dibaca ampir 7 kali, eta uraian/cuplikan 
nu paling 'parah' pernyataan nu di handap ieu,....
eusi nu tersirat: kaayaan indonesia nu kacau ayeuna teh, akibat tindakan 
kerajaan sunda. 
    


      

Kirim email ke