Palagan bubat, 93 jalma lawan 1000 tangtara. Jigana jaman baheula konsep loba teh make angka-angka "tertentu", anu nunjukkeun kaayaan anu sabenerna. Dina hiji tulisan, (alm) mang ayat kungsi ngadadarkeun sacara logika hiji carita di Karajaan Kutai (mun teu lepat). Dimana harita raja Kutai teh mere sasaji ka para pendeta 10 rewu munding. Bayangkeun jiga kumaha legana tempat/lapangan pikeun ngumpulkeun 10 rewu munding. Tah, kusabab kitu, jiga urang kedah ekstra "kritis" upama mendakan satuan angka dina carita tina naskah kuno. Duka tah, kumaha "pendapat" ti Ambu, perkawis angka ieu. Naha angka anu nunjukkeun kanyataan anu faktual, atanapi mung sakadar nunjukkeun seueur di jaman baheula. baktos, mrachmatrawyani
--- On Thu, 7/3/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] bubat nu kiwari : 03-06-08 To: [email protected] Date: Thursday, July 3, 2008, 10:10 PM kadang sok aya urang Sunda nu hoyong terang jiga kumaha palagan Bubat nu baheula, nya atuh eta mah tiasa dibayangkeun ku masing-masing kirang langkung siga kumaha 93 urang di rempug langkung ti 1000 jalmi sore tadi kuring kukurilingan katro wulan, ka candi tikus, candi bajang (teu jadi) ratu , bet asa kagok nyimpang heula we ka desa bubat ari ayeuna mah geus jadi sawah jeung kebon tiwu eta nu katelah desa bubat teh naha ku kuring di posting ka ieu milis ? nya kumargi aya anggota anu hoyong terang kitu ge manawi bahan katampi, ari bener jeung henteuna eta "palagan bubat" anu dmaksud, nya urang lembur eta sorangan teu pati apaleun , ngan memang katelahna desa bubat, nu naruduhkeun boh petugas di candi bajangratu atawa ti pengkolan caket traffic light teh nunjukkeun nana nya ka eta desa.. tapi ulah ngalieuk ka tukang...
