walah ieu mah atuh PROFESI dang Kukum pisan, meni munel pisan nuhun dang...abdi resep bari diajar...
----- Original Message ---- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] Cc: Kusnet <[EMAIL PROTECTED]>; Kisunda <[email protected]>; "[EMAIL PROTECTED]" <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Friday, July 4, 2008 3:19:56 PM Subject: [kisunda] ko ngosom---Bener vs salah Ngarah hoghagna leuwih pedo, urang sami2 diajar genetika heula. Tong salempang, pedaranana dina basa Sunda, susu ganan tambih lieurr... Hoyong ngiring aub ngamumule basa Sunda sacara sistematis? Mangga diantozzz di Lembur Wiki sarimbit... -- sikandar kumincir.blogspot. com Kromosom Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi Diagram kromosom eukariota dina hambalan métafaseu: (1) kromatidfaseu S, (2) séntromér - titik tepungna dua kromatid jeung tempat napelna mikrotubul, (3) leungeun pondok, (4) leungeun panjang. - salah sahiji ti dua bagian kromosom anu idéntik sanggeus Kromosom nyaéta wangun beundeulan DNA jeung protéin nu aya di inti sél. Hiji kromosom téh hiji molekul DNA nu ngandung gén, unsur pangatur, jeung sékuéns nukléotida. DNA dina ieu kromosom téh dibeungkeut jeung dibeundeul ku protéin pikeun ngatur fungsina. Kromosom téh rupa-rupa kumaha organismeuna. Molekul DNA-na bisa sirkulér, bisa ogé linéar, sarta diwangun ku puluhan kilobasa nepi ka ratusan mégabasa pasangan nukléotida. Hususon sél eukariota (nu ngandung inti), kromosomna badag linéar, sedengkeun sél prokariota (nu teu boga inti) mah sirkulér leutik, najan aya ogé hiji-dua nu teu luyu jeung ieu aturan. Dina sél eukariota, aya ogé sél-sél anu ngandung dua tipeu DNA sakaligus, nyaéta sél anu ngandung mitokondria atawa kloroplas (nu boga DNA sorangan). Dina eukariota, kromosom inti dibeundeul ku protéin jadi bentuk padet nu disebut kromatin, sahingga molekul DNA anu sakitu panjangna téh meujeuh di jero inti sél. Wangun kromosom jeung kromatin rupa-rupa gumantung mangsa daur sél. Kromosom bisa aya dina kaayaan digandakeun atawa henteu—kromosom nu teu digandakeun wangunna linéar tunggal, sedengkeun nu digandakeun (disalin nalika faseu S) ngandung dua salinan nu nyambung dina séntromér. Wangun kromosom anu keur digandakeun mangsa mitosis jeung méiosis ngahasilkeun wangun klasik opat leungeun (gambar katuhu). Kecap kromosom dicokot tina basa Yunani χρῶμα (chroma, kelir) jeung σῶμα (soma, awak) dumasar kana kelirna nu teges lamun geus diwarnaan. [édit] Kromosom manusa Sél manusa bosa 23 pasang kromosom inti linéar, sahingga sasélna aya 46, ditambah DNA mitokondria anu jumlahna ratusan. Sékuénsing génom manusa geus mébérkeun rupa-rupa émbaran nu bisa ditalungtik ti unggal kromosom. DI handap ieu dibéréndélkeun statistik masing-masing kromosom dumasar kana laporan Sanger Institute dina gudang data Vertebrate Genome Annotation (VEGA)[1]. Jumlah gén dikira-kira dumasar prédiksi gén, kitu ogé panjang kromosomna. Kromosom Gén Total basa Basa geus disékuéns[2] 1 3,148 247.200.000 224.999.719 2 902 242.750.000 237.712.649 3 1.436 199.450.000 194.704.827 4 453 191.260.000 187.297.063 5 609 180.840.000 177.702.766 6 1.585 170.900.000 167.273.992 7 1.824 158.820.000 154.952.424 8 781 146.270.000 142.612.826 9 1.229 140.440.000 120.312.298 10 1.312 135.370.000 131.624.737 11 405 134.450.000 131.130.853 12 1.330 132.290.000 130.303.534 13 623 114.130.000 95.559.980 14 886 106.360.000 88.290.585 15 676 100.340.000 81.341.915 16 898 88.820.000 78.884.754 17 1.367 78.650.000 77.800.220 18 365 76.120.000 74.656.155 19 1.553 63.810.000 55.785.651 20 816 62.440.000 59.505.254 21 446 46.940.000 34.171.998 22 595 49.530.000 34.893.953 X (kromosom séks) 1.093 154.910.000 151.058.754 Y (kromosom séks) 125 57.740.000 22.429.293 [édit] Rujukan * Chromosome. Wikipédia basa Inggris. Disalin 04 Juli 2008. 1. ↑ http://vega. sanger.ac. uk/Homo_sapiens/ index.html Sakabéh data dina ieu tabél disalin ti ieu gudang data, 7 Juli 7 2007. 2. ↑ Perséntaseu nu geus disékuéns dumasar kana babagian eukromatin, sabab Human Genome Project ngarah bagian eukromatinna wungkul. Bagian telomér, séntromér, jeung hétérokromatinhttp://www.ncbi. nlm.nih.gov/ genome/seq/ pikeun émbaran leuwih lengkep ngeunaan Human Genome Project. henteu dipaliré ku sababaraha alesan. Buka [édit] Tumbu kaluar * What Can Our Chromosomes Tell Us? Pedaran munel ngeunaan kromosom ti Genetic Science Learning Center, University of Utah * Try making a karyotype yourself, ti Genetic Science Learning Center, University of Utah * Kimballs Chromosome pages * Chromosome News from Genome News Network * Eurochromnet, European network for Rare Chromosome Disorders on the Internet * Ensembl Project midangkeun kromosom, génna, jeung lokus-lokusna sacara grafis * Genographic Project * Chromosomes Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. Disalin ti "http://su.wikipedia .org/wiki/ Kromosom" On 7/4/08, Dian Nugraha wrote: Muhun, kukituna sateuacan aya hasil anu langkung pasti, urang teu tiasa nyimpulkeun naon-naon deui perkawis genetik ieu.
