patali sareng identitasna Abah, margi Bujangga Manik teh jujuluk harita mangsa anjeuna nikreuh "Dewaraja Cult" tea. Harita mah Raja teh dituntut salian ti manggung pamingpin nagara oge manggung pamingpin kaagamaan. Janten aya dua "title" anu kdah sanes mung saukur dicepeng, tapi oge "dialaman ku salira". Janten sanes mung saukur "gelar" anu ditampi pedah ku saturunan (diwaris sah) tapi oge dijalanan. Tah "dijalanan" teh nya 'dijalanan" ku anjeun, sabage calon raja...kdah teuleum heula k dadasar kahirupan anu kantos dialaman ku "karuhun"na sadaya dugi ka ngadeg RATU nu saleresna. salah sawiosna nyaeta "incognito" janten Bujangga Manik saha saleresna anjeuna, abdi tacan kumawantun neges- keun, margi kdah dilandasan ku data oge sumber anu teges. Tacan wantun medar...maih "embrio" keneh
Da abdi mah mung "dharma nalungtik" pancer tetengerna mah kdah disartaan ku ngimeutan data sareng sumber, teu tiasa mung ukur "ngaduga2" teu "sabongbrong" bilih ngke lpat hartos..seug kadung ialungkeun..walah tanggel walerna tea, nuuunn.. abot! Mung papagon konsep "dewaraja" teh tos ngabaku pisan dina kabudayaan "rumpun asli urang (Malayu)' margi Jayanaga (salahsawios) raja Sri Vijaya oge kitu (buktosna langkung teges nyaeta dina prasasti Talangtuwo abad ka 7 majeng ka-8). Hehehehhh...punten kaleresan artikel sim abdi (medal 1992)... helok-na teh> geuning sigana mah aya nu tiasa dibanding keun di dieu "adat" sumatra selatan sareng urang Jawa Barat harita, sanes mung ukur agama wungkul...boa2 tabe pun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, July 5, 2008 9:13:03 AM Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? Ambu Wiru, palebah mana tah nu "dicurigai" teh? Lebah leuwih kasepna kitu? Mangga dipedar. salam, mh On Sat, Jul 5, 2008 at 10:00 AM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: > abdi mah puguh rada curiga ka tokoh nu disebat "Bujangga Manik" tea mani > disebatkeun kieu: > (panginten Abah ge uninga, oge nu kantos maos naskah Bujangga Manik): > > "Latara teuing kasep, > kasep manan Banyakcatra > leuwih manan Silihwangi.. . > > oge > "sacunduk ka Luhur Agung > meuntasing Cisanggarung > sadatang ka Tungtung Sunda > nepi ka Arega Jati > sacunduk ka Jalatunda > sakakala Silihwangi > saumungkur aing ti inya > meuntasing Cipamali > > " leumpang aing kabaratkeun > datang ka bukit Pategeng > sakakala Sang Kuriang > masa deuk nyitu Citarum > burung tembey kasiangan... ....." > > Tabe pun > Ambu Wirumananggay > > ----- Original Message ---- > From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> > To: mh <[EMAIL PROTECTED] com>; [EMAIL PROTECTED] .com > Sent: Saturday, July 5, 2008 8:44:22 AM > Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? > > piraku gamparan teu uninga > apanan tos dikintun ku abdi naskahna (attachment) dina karangan Ayatrohaedi > te "Nganjang ka Kalanggengan" > Wirumananggay teh nami sanes Sunan Ambu. Nu kawentar geulisna...mung > benten-na abdi mah GORENG PATUT. > > ----- Original Message ---- > From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Sent: Saturday, July 5, 2008 8:35:08 AM > Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? > > On Sat, Jul 5, 2008 at 8:58 AM, richadiana kartakusuma > <richadianakartakus u [EMAIL PROTECTED] com> wrote: >> >> ieu mah mung nguningakaeun (notes): >> abdi reu-eus pisan ku nami "wirumananggay" teh meni raos ngagalindeng kana >> hate ku nataku "nyunda" na. Kaleresan basa aya nu pesen nami nya ku abdi >> disanggakeun, tapi diadu manis janten "Nay Tunjung Wirumananggay" rupina >> kawidian da si "orok" beureum teh ayeuna wanoja geulis tur sipatna teh >> "nga-awewe" (feminin) pisan (pun alo di Bandung). >> > > Ambu Wiru, sim uing kungsi nimu eta nami teh dina rengrengan nami > wanoja jaman buhun. Cing manawi tiasa dipedar, saha, urang mana eta > Wirumananggay teh numutkeun catetan bulukan Ambu? Hehehe. > > nuhun > mh > > >
