Aya gening UJ kalahiran Sukabumi (Kabulog manten) nu namina Rahadi. Jigana kecap Rahadi ieu oge kawitna tina kecap-kacap Rah (Terah) nu hartosna getih (atanapi turunan) sareng kecap hadi nu hartosna lineuwih. Janten Rahadi gaduh hartos turunan linuwih. Asana mah dina salah sawios lalakon wayang, kang Aschev Schunandar Schunarya kantos nyebatkeun cenah Rahadian teh kawitna tina Trah Hadian nu hartosna turunan jalma pinunjul. Tapi tafsir ti ambu ge sami hartosna mah gening. Mung aya sakedik kapanasaran teh naha kecap basa Jawa "hadi" dina basa Sunda buhun mah "haji" tapi ari dina basa Sunda moderen mah janten "hade". Salam, Aschev Schuraschev
----- Original Message ---- From: Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] Cc: [email protected] Sent: Monday, July 7, 2008 9:06:12 AM Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL From: engkus ruswana To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Monday, July 07, 2008 8:11 AM Subject: Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL Ngiringan... . Raden tina Rah + hadi +an, rah = darah = getih; hadi = utama, janten raden = nu ngabogaan getih utama. ------------ --------- --------- --------- ----// Mangga kang engkus, hatur nuhun pisan...eta nudipiharep, nyaangan kanu poekeun tea, maparin cai kanu hanaang...katampi sun. baktos pun AW
