//----
Handap asor mah sanes rendah diri, namung rendah hati. Saur para ahli,
rendah diri teh cenah bagean tina kasombongan, jadi teu hade lamun
dibudayakeun.
---/
Leres kang Oman, ....simkuring salah nulis..., nuhun parantos di koreksi...
Handap Asor=Rendah Hati (Tawaddhu) :)

  ----- Original Message ----- 
  From: oman abdurahman 
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Thursday, July 10, 2008 2:44 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] kaderisasi mahasiswa sunda


  Handap asor mah sanes rendah diri, namung rendah hati. Saur para ahli,
  rendah diri teh cenah bagean tina kasombongan, jadi teu hade lamun
  dibudayakeun.

  Nambihan sakedik,

  Sigana hade oge upama para mahasiswa teh kusabab jurusan basa/sastra
  Sunda tea, diwanohkeun jeung lingkungan khas Tatar Sunda, boh anu
  baheula atawa anu ayeuna. Upamana wae, ditugaskeun nataan
  ngaran-ngaran di Bandung anu asalna tina tutuwuhan jeung anu tina
  sasatoan. Aya alusna lamun ditugskeun oge sabagean kudu mawa buktina
  (naha foto atawa gambar). Upamana, "kosambi" teh ngaran tempat anu
  asalna tina tutuwuhan, "kosambi". tah aya saena sina mawa gambar atawa
  foto "kosambi" (tutuwuhanana, oge pasar kosambina ayeuna). Pon kitu
  keneh: 'Citarum" anu asalna tina tangkal "tarum", jst.

  Sakitu wae ti abdi mah heula.

  manAR

  On Thu, Jul 10, 2008 at 1:50 PM, Wirabudiman
  <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Rampes...
  > 1. Nganggo Anggean Sunda (tiantawisna nganggo Bendona)
  > 2. Diajar Rengkuh. tawis ngajarkeun handap Asor. Jsb
  > 3. Nganggo Bahasa Sunda
  > 4. Ngapalkeun Rupi-rupi Basa anu ngandung papatah :
  > Contona :
  > Nyungsi diri Nyuai Badan Angelo Paesan Tunngal (Mengenal Diri)
  > Panjang teu di tumbu, pondok teu di teuk-teuk. (harus Jujur)
  > Handap Asor (harus Rendah Diri)
  > Leuleus Jeujeur (harus Pandai Menghargai Orang Lain)
  > Malapah Gedang (harus Step by Step)
  > sareng anu sanesna deui, dikempelkeun ku masing-masing perserta Ospek
  > teras di pasihkeun ka mentor, kumentor ditukeur jeung kelompok lain, teras
  > di lombakeun. jst
  >
  > heheh
  > sakitu tah, eta mah etang-etang ngiring mikareueus wae kana Budaya
  > nyalira...mangga anu langkung sae...
  >
  >
  >
  >
  > ----- Original Message -----
  > From: ilham nurwansah
  > To: urang sunda
  > Sent: Thursday, July 10, 2008 12:56 PM
  > Subject: [Urang Sunda] kaderisasi mahasiswa sunda
  >
  > Sampurasun!
  > baraya, abah, aki, amang , dulur...kum sadayana, simkuring nyungkeun saran
  > mngeunaan sistem atanapi model kaderisasi mahasiswa (ospek) pikeun mahasiswa
  > anyar jurusan basa jeung sastra sunda di UPI sangkan "nyunda"
  > diantos pamendakna.
  > htur nuhun,
  >
  > 


   

Kirim email ke