kang Wirabudiman teh ti Tasik ?
simkuring urang Cisayong nu ageung di Tasik..
bet asa carinakdak nguping hakmaliyah
ke ku kuring bade diguar deui jujutannana, tos lebeng
kuring ayeuna aya di jatim
cik punten terang teu ka Mama Aden atanapi Mama Suma,

hatur sembah nuhun kana kintunan postingannana.

On Fri, Jul 11, 2008 at 11:05 PM, Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>    Assalamu'alaikum Wr Wr
> Sampursun...
> Kahatur para wargi sadaya, bilih aya anu bade ngersakeun ngiringan ngaguar
> Naskah Layang Muslimin Muslimat, mangga kintun e-mail kosong ka :
> [EMAIL PROTECTED]
>
> WebMilist : http://groups.yahoo.com/group/layangmm
>
> Kaleresan aya Abah Hadi :
> http://abahhadi.multiply.com/tag/layang%20kaislaman ti Garut anu mantena
> kenging piruruk langsung ti Ramana, Ramana ti Akina perkawis Tarekat
> Haqmaliyah, dimana Tarekat Haqmaliayah ieu anu parantos ngarang kana Layang
> Muslimin Muslimat.
>
> hatur nuhun
>
> Rampes...
>
> baktos
>
> Agus Wirabudiman
> ----- Original Message ----- *From:* Wirabudiman<[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [EMAIL PROTECTED]
> *Sent:* Friday, July 11, 2008 10:56 PM
> *Subject:* [layangmm] LMM JILID KA-1->BUBUKA
>
>   LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID KA I
>
> BUBUKA
>
> Asmarandana
>
> 1.      Ieu anu rek digurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot,
> ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, kabuka tunggalna wujud, dipapay ti
> memeh aya.
>
> 2.      Nepi kana aya bukti, tina taya kana aya, geus aya bet ngalalakon,
> ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, ayeuna baris diatur, urang
> papay ti asalna.
>
> 3.      Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya bet jadi
> cekcok. Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq geus
> sidik wujud, rupa sarupa-rupana.
>
> 4.      Rupa teu kenging disalin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa
> awewe, mun kitu sidik rupana, teu kenging dirobah, rupa pameget nyakitu, teu
> beunang dipindah-pindah.
>
> 5.      Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah
> kituna teh, eta tandana Kun Mutlaq, tapi ieu ayeuna, ku jisim kuring diatur,
> ku carita sangkan terang .
>
> 6.      Kahijina ku pamilih, kaduana ku umpama, bade didamel lalakon,
> geura kieu cariosna, pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung,
> ngadegna gumelar sifat.
>
> 7.      Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel
> lalakon, kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempug sareng
> dulur-dulur, mun teu cocog sae cempad.
>
> 8.      Tapi pamugi sim kuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere
> hartos, nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakup,
> margi ngarang nembe pisan.
>
> 9.      Kocap aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku
> Bupatos, anu nyepeng Raga Taya, nelah jenengannana, kamashur ka unggal Ratu,
> sang Prabu Jasadiah.
>
> 10.  Dupi anu jadi Meswari, jenengan Ratna Atiyah, tunggal turunan
> Bupatos, teges terahing Kusumah, estu layeut sami pisan, siang wengi tara
> jauh, babarengan tara pisah.
>
> 11.  Kocap eta Kangjeng Gusti , geus kagungan dua putra, pameget langkung
> karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin cikalna, kaduana anu bungsu,
> katelah Raden Muslimat.
>
> 12.  Teu kinten-kinten diasih, ku Ibu rawuh ku Rama, teu pilih kasih
> dienod, duanana dipalajar, Agama sareng Elmuna, raka rai sami suhud, ngesto
> ka piwejang Rama.
>
> 13.  Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, hanteu aya anu mencog,
> dihartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana qalbu, sadaya
> wuruk ramana.
>
> 14.  Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng wae,
> amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat, caralik di tempat singkur,
> ngahusukeun wuruk rama.
>
> 15.  Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando,
> hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah bendu, rehna
> rai kumalancang.
>
> 16.  Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo, moal
> sapertos engkang, dina perkawis Agama, nu ku Ama dipitutur, rai tacan paham
> pisan.
>
> 17.  Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade
> tumaros, naon sakapaham engkang, moal arek dikilungan, kajabi anu teu acan
> mafhum, pun engkang moal tiasa.
>
> 18.  Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris
> ditektek, diterangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus
> kamasyhur, dalil teh kieu unina.
>
> 19.  Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma'rifatullah, sundana kieu eta teh,
> lamun rek lalakon agama, wajib ma'rifat heula, kana dzat Allah nu Maha
> Agung, supaya sah ibadahna.
>
> 20.  Tapi rai sanes deui, hal ma'rifat ka dzat Allah, eta teh lain
> sapertos, nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu
> ngajentul, nu nyata aya buktina.
>
> 21.  Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta'ala teh,
> ceuk saksina Dzat Laesa, Kamislihi terasna, hartina dzat yang agung, hanteu
> aya umpamana.
>
> 22.  Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, nganyahokeun diri
> maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna, Waman aroffa nafsahu,
> faqod aroffa robbaha.
>
> 23.  Jeung aya lajengna deui, Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah
> teh, kieu pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu, tangtu
> nyaho ka pangeran.
>
> 24.  Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus
> tangtu bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh
> kitu, pikeun saksi ngelmu tea.
>
> 25.  Malah dawuhan Jeng Nabi, Illa anna awallanafsah, terasna teh fardu
> 'ain, kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang jatining hirup,
> masing tepi ka 'aena. Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak,
> jatining sahadat eta teh, bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna
> Muhammad kitu, nya eta Sagara Hayat.
>
>
>
> Mangga urang sami-sami manahan...palih dieu heula...
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke