Rada saeutikan nu miluan teh. Duka pedah waktosna dipundurkeun ka jam 3.30, nu biasa jam 2.00, atawa pedah tempatna di gd Indonesia Menggugat, da biasana mah di kantor Pusat Studi Sunda-nu sawareh pikeun perpustakaan, oge sawareh dipake kantor majalah basa sunda Cupumanik di Taman kliningan
Ari bank teh cenah lembaga intermediasi, maksudna, tukang ngumpulkeun dana ti masyarakat mangrupa tabungan, deposito, jsb, terus disalurkeun ka nu butuh modal, mangrupa kiridit tea, muter kitu. Salah sahiji nu kakoreh dina eta sawala diantarana data yen angka kridit macet di jabar, ngan satengah di rata2 nasional. Cenah ieu nunjukeun ujb (urang jabar) hade dina mayar kiriditna. Beh ditu pa Busye ti bank mandiri netelakeun yen alatan BBM naek, gede kampungkinan nu ngiridit rada kurang bisa mayar bari lancar, alatan harga itu ieu naek. Pihak bank oge ngamaklum cenah. Tapi bu hetifah gaduh data yen kredit UKM jabar kaitung gede macetna. Cek Pak Busye, dijabar nu kairung kiridit macetna gede, di tasik. Sanajan tangtu teu langsung nunjuk ka US, sabab di kota2 jabar oge indonesia, aya seler cina nu jarago dagang jeung tangtuna leuwih ngalarti jeung biasa boga urusan kiridit bank. Pak Busye kantos damel di Medan, Aceh, jsb, terus ka Bandung. Tangtu ti saacan opat bank nagara (bank bumi daya-bdn, bank ekspor impor,-eksim bank dagang negara-bdn, bank naon deui? Nu jelas lain bank kong) dimerger jadi hiji, bank Mandiri tea-rencana eta ti jaman engkong suharto keneh (manehna harita nyebut calon bank merger teh jadi bank catur, butut ngaran teh). Ari sikep urang bank (bankir) ka seler sunda mah teu aya data cenah. Da faktor etnik teu jadi bahan pertimbangan dina mutuskeun dibere atawa henteuna kiridit. Nu jadi bahan rujukan mah ngan ukur sajarah usahana, posisi pausahaan atawa boregna (agunanana). Jadi teu aya pangaruh nyata. Paling oge sacara pribadi. Atuh pagawe bank oge kitu. seler teu kaciri dina cara gawe, da aya standar gawe nu kudu dilakukeun ku unggal pagawe bank. Pak Busye, meureun make conto dirina, nganggap yen US cocok gawe di bank. Sanajan ku conto-conto sejen nu dipedar ku bu Hetifah (calon independen wali kota bdg tapi teu jadi) nunjukeun fakta yen US komunitas nu cenderung embung ngambil resiko (risk taker), cara di sababaraha pabrik di bandung rancaekek nu pagawena mayoritas US dibanding jeung pabrik2 di bekasi nu mayoritas jawa. Di bekasi sering demo cenah pagawena, hartina pagawe nu uj boga kasadaran kana hak, terus diperjuangkeun, sedeng pagawe us nu di pabrik rancaekek mah, jarang demo. Tipe nerima cenah atawa kompromi. Gawe di bank utamana dibagean kridit perlu manusa nu risk taker, nya da mere kiridit ka batur, nu resikona can tangtu bisa mayar. Tapi Pak Busye nyarita yen ari geus lila gawe di bagian kiridit mah atawa appraisal, aya semacam feeling dumasar pangalaman jeung pangaweruh, jadi wani oge ngambil resiko. Bu Hetifah mere conto sejen nu patali jeung desertasina-asana di australala- soal minat nyieun organisasi/asosisi studi kasus di majalaya jeung solo. Di solo leuwih hade cenah. Make conto aya pasar nu direnovasi, padagang bisa pindah bari teu nyieun masalah. Beda jeung di majalaya, rencana renovasi pasar nepi ka ayeuna teu jadi bae. Ari si kuring-teu dicaritakeun dina sawala-nempona tina paktor budaya. Yen di Solo mah aya keneh Sultan. Di majalaya mah, aya ge preman. Heuheu. Pa Her Suganda, wartawan senior kompas, tos pangsiun, netelakeun adat US mah teu monolit, teu sarupa. US pantura jeung US priangan beda. Conto, US pantura (karawang, contona) boga panghasilan 10, wani nganjuk/ngiridit 15. US priangan mah, moal wanieun, sabab rasional cenah-mikir kumaha cara mayarna, panghasilan 10, wani nganjuk paling 5. Si Ua sas salaku moderator, medakeun pangalamanana, yen kolot baheula melak kasadaran kana nabung ka barudak ku cara naritah nabung dina ruas awi tea. Beh dieu cara nabung di bank mah geus geser motivasina, da bank mere hadiah. Jadi nabung teh hayang meunang hadiah ongkoh. Aya bu Tien Wartini, filolog nu damel di museum Sri Baduga ngadugikeun pamendakna yen kolot baheula gaduh sikep itikurih, hemat. Cara babasan "neundeun poho". Maksudna, neundeun (ditabung) dipopohokeun sangkan bisa jadi cadangan pikeun kahareup. Da cenah kolot baheula mah, dina kasebut teu bogana oge, aya we duit teh. Make cara neundeun poho. Si kuring naros ka pa Busye, yen kumaha peta US dina perbankan, sacara nasional. Anjeuna ngawaler yen US kaasup yongcolang dina dunya perbankan. Sebut we Pak Somala Wiria, cenah nu ngagedekeun BNI, atuh gubernur BI pan US (asgar) sanajan kajiret ku urusan politik suap ka dpr, can tangtu BA goreng dan ongkoh samamehna geus aya sistem kitu. si kuring apal ka ngaran Iwan Prawirakusumah, asana inohong BRI. Aya deui Maman Somantri, sakolana ti arsitektur ITB, kungsi jadi deputi gubernur BI, jsb. tos heula
