Pantesan atuh Jompong Larang nawiskeun seupaheun sapuratina waktos aya hate ka 
Bujangga Manik da mangsa harita mah seupaheun teh populer pisan kanggo hadiah 
atanapi tawis kadeudeuh.
Kiwari mah, waktos seserahan panganten , kanggo tawis kadeudeuh, jigana 
seupaheun (kalebet pinang / jambe) teh digentos ku barang sanesna.
Malah aya oge anu henteu cacandakan jaman kiwari mah, dongkap teh estuning 
henteu jangjang henteu jingjing kajabi sarupi nyaeta nu ngaringkuk kawas kuuk, 
nu bosongot kawas marmot, nu ngarengkol osok ngompol (tina buku Panggelar 
Sastra karya bapa Drs. Ahmad Hadi).
Namung sanaos tawis kadeudeuh waktos seserahan digentos ku nu sanes, ari 
istilahna mah gening tetep abadi: ngalamar (basa Sunda) / meminang (basa 
Malayu).
Salam,
Aschev Schuraschev 



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, July 14, 2008 6:18:44 PM
Subject: Re: pulau jawa, urang jawa, jeung urang sunda Re: [kisunda] Re: OWAJW, 
BANTENGJW, HEULANGJW, BADAKJW


Sumuhun dang, leres.



----- Original Message ----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED] .or.id>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Monday, July 14, 2008 1:20:05 PM
Subject: Re: pulau jawa, urang jawa, jeung urang sunda Re: [kisunda] Re: OWAJW, 
BANTENGJW, HEULANGJW, BADAKJW


sami oge jeung masarakat di kapuloan Sunda Alit nya, Mbu... sok nawisan 
pinang...

ngalemar-ngalamar- meminang
 

On Sun, Jul 13, 2008 at 8:24 AM, richadiana kartakusuma wrote:

aya hiji totonden "leutik" masing muhun ngan di Lembur Tangtu nya, nu nyirikeun 
keneh pisan budaya malayu na, nyaeta unggal kanu nganjang 'pasti' mere 
seupaheun satek-tekeun. ..numawi aya paribasa geuning pami bubuka ucap teh sok 
disebat "sekapur sirih"

 


      

Kirim email ke