Dina bukuna, The Sunda Kingdom of West Java From Taruma to Pakuan Pajajaran
with the Royal Center of Bogor, Herwig Zahorka kurang leuwih nulis:
A golden necklace with a phallus from Sukabumi from 8th / 9th century
Noblemen at the courts of Sunda used precious metals for objects of ritual and
profane purposes. An exquisite example is a golden necklace (kalung) from
Gegerbitung village, Sukabumi, measuring 30.5 cm x 28 cm x 7 cm. It dates from
the eight or ninth century AD.
Sanggeus maca ieu warta, haté jadi panasaran, nya kamana perhiasan-perhiasan
lianna titilar ti Pakuan Pajajaran. Dina abd ka 8/9 geus aya titilar sarupa
kieu; asa pamohalan lamun dina abad ka 15/16 (mangsa Karajaan Sunda keur
jaya-jayana sarta loba hubungan jeung mancanagara kayaning Pariaman, Malaka,
Portugis jeung sajabana) euweuh titilar perhiasan sarupa kieu. Kamana atuh nya?
Moal kitu titilar Karajaan Sunda té h dibawa ku pasukan Banten mangsa
ngaruntagkeun Pakuan Pajajaran? Atawa ngahaja disumputkeun ku pihak Pakuan
Pajajaran mangsa datangna para prajurit Banten? Wallohualam.
Sumber:
Herwig Zahorka, The Sunda Kingdom of West Java From Taruma to Pakuan Pajajaran
with the Royal Center of Bogor., Yayasan Cipta Loka Caraka, Jakarta, 2007.