Maung - Pajajaran
Salah
sahiji nyaritakeun zaman harita,aya 3 macan nu dijadikeun ciri. Macan
bodas,ciri elmu2 nu ngajurus kana ngubaran. Teu make
menyan,sajen,atawa wirid.Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka
Allah SWT. Elmu nyieun ubar tina dangdaunan,akar jeung sajabana. Ubar
panyakit katempo jeung teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung
nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..
Macan
Hideung, ciri elmu2 nu ngajurus kana kadunyaan,ngatur hate
jalma,ngahijikeun
salaki pamajikan nu pipisahan,ngoprek hate jalma,miceun hate jalma nu
kedul,bedegong,harak,jeung sajabana…Sarua teu make sajen,menyan,atawa kudu
wiridan atawa puasa…Istuning tina kakuatan diri…
Macan
loreng,lodaya,maung loreng, ngajurus
kana elmu2 heuras,saperti silat pamacan,sinuwun tilu jeung sajabana,nempo
ti kajauhan,ngoet ti kajauhan,ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak…Teu
make menyan,sajen atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri…
Kunaon teu make wirid atawa puasa ? Saba eta mah jang ibadah ka Gusti Allah..
Teu
meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen
? Kusabab lain menta bantuan jin,jeung kudu make aturan muslim..Dimana
ayeuna eta elmu2 teh ? Di nu tiluan…Teu bisa diteangan,ke oge datang…Datang
ka saha ? Ka jalma2 nu geus ka ukur ka alusan jerona…Akidahna… Nu tiluan
dimana ? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun…Wallahu’alam…