Kang Nonggerak,Langkung murwakanti pami Macan Bodas digentos basana ku Macan Putih, putih didieu sanes nunjukeun kana rupa/kelir tapi kana kamurnian. Tina bahasa mantra oge teu disebat macan bodas, tapi macan putih. Cobi tengetan kecap-kecap kaunggel dihandap:
1. Nyanggakeun menyan putih (henteu menyan bodas).......... 2. Pangnepikeun ka Sang Aji Putih (henteu aji bodas) 3. Clik putih clak herang (sanes clik bodas) 4. Badan putih tanpa getih (teu pantes pami disebut badan bodas)Sakitu heula kang, tawis pangbagea ti sim kuring kanggo akang. Akang saha atuh disebatna? Teraskeun ku serat salajengna........
At 09:54 PM 7/17/2008, you wrote:
Maung - Pajajaran* Salah sahiji nyaritakeun zaman harita,aya 3 macan nu dijadikeun ciri. Macan bodas,ciri elmu2 nu ngajurus kana ngubaran. Teu make menyan,sajen,atawa wirid.Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Elmu nyieun ubar tina dangdaunan,akar jeung sajabana. Ubar panyakit katempo jeung teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..* Macan Hideung, ciri elmu2 nu ngajurus kana kadunyaan,ngatur hate jalma,ngahijikeun salaki pamajikan nu pipisahan,ngoprek hate jalma,miceun hate jalma nu kedul,bedegong,harak,jeung sajabana Sarua teu make sajen,menyan,atawa kudu wiridan atawa puasa Istuning tina kakuatan diri* Macan loreng,lodaya,maung loreng, ngajurus kana elmu2 heuras,saperti silat pamacan,sinuwun tilu jeung sajabana,nempo ti kajauhan,ngoet ti kajauhan,ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak Teu make menyan,sajen atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri* Kunaon teu make wirid atawa puasa ? Saba eta mah jang ibadah ka Gusti Allah. Teu meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen ? Kusabab lain menta bantuan jin,jeung kudu make aturan muslim..Dimana ayeuna eta elmu2 teh ? Di nu tiluan Teu bisa diteangan,ke oge datang Datang ka saha ? Ka jalma2 nu geus ka ukur ka alusan jerona Akidahna Nu tiluan dimana ? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun Wallahualam
__________________________________________________ ILEN KARDANI Drilling Services Manager Schlumberger Drilling & Measurements 16 Floor, Rohas Perkasa No.8 Jalan Perak 50450 Kuala Lumpur Malaysia Tel: 60 (3) 2166 7788 DID: 60 (3) 2169 4180 Fax: 60 (3) 21667100 Mobile: 60 (12) 2516485 mailto:[EMAIL PROTECTED]
<<inline: 26527f9.jpg>>
