saparantos diumumkeun dina prasasti Canggal...Sanjaya teu kasebat deui aya mangsa nu disebat vacum of power....
oge Purbasora mah sanes ku Sang Jaya maotna tapi ku Manarah alias Ciung Wanara (Rakai warak Dyah Manara) > prasasti wanua TEngah III (830 Saka = 908 M) ----- Original Message ---- From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, July 23, 2008 2:37:30 PM Subject: Re: [kisunda] re: CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA" - Naros Sanjaya ka Ambu Punten ambu bade tatalepa (=leres teu nya istilahna) Ngeunaan Sanjaya yeuh ambu Cenah ceuk Mang Wiki (Wikipedia) Sanjaya naklukkeun purbasora teh di taun 723 M Sedengkeun naklukkeun SriWijaya 536 M eta aya jarak ampir 200 taun sigana dina dua hal eta aya perbedaan penafsiran tanggal dupi ambu tiasa masihan bongbolongan kunaha penafsiran dina wiki teu pas ? On Wed, Jul 23, 2008 at 10:20 AM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: komo deui upami dicukcruk ti jaman GALUH, wewengkon kawasa SUNDA teh eu mung "sauted" kitu...malah mah Jawa Timur ge lebet kana kawsa Galuh utamina ti mangsa Rahiyang SENNA (ramana Sanjaya) teras ku Rahiyang Sanjaya alias Rakai Mataram Sang Ratu Sanjaya alias Rakean Jambri Bimaparakrama diluaskeun deui. Basa tahun I kawihaji Panca Pasagi (458 + 78 = 536 Masehi) teh anjeuna "meupeuh" Sri Vijaya nu harita ngawengku Asia Daratan sareng Asia Kepulauan (harita Sri Vijaya teh karajaan Emporium - Imperium) nya atuh langsung ku elehna Sri Vijaya...kakawasaan ana gubrag ka Mataram Kuno nu harita dirajaan ku Sanjaya (seuweu GALUH pituin).
