Punten ambu, abdi bade naros naha aya kamungkinan atanapi henteu upami salasawios tina prasati-prasasti anu dimaksad teh didamel saparantos Sanjaya pupus? Upami aya kamungkinan sapertos kitu, bakal aya kamungkinan oge Sanjaya yuswana kirang ti 200 taun. Nyuhunkeun oborna. Dumasar kana buku nu diaos ku abdi, abdi mendak conto dimana hiji prasasti didamel atas nami hiji raja padahal rajana tos pupus. Prasasti eta nyaeta padrao perjanjian Sunda-Portugis dimana prasasti kasebat didamel atas nami raja Portugal namung nu ngadamelna teu sadar / terang yen rajana (yang nan jauh disana) tos pupus sareng tos digentos. Salam, Asep
----- Original Message ---- From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, July 23, 2008 6:23:16 PM Subject: Re: [kisunda] re: CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA" - Naros Sanjaya ka Ambu sumuhun 200 tahun...Sang Jaya mah teras hirup langkung ti 200 tahun (196 tahun) disambat ku turunanana Dyah Balitung (900-910 M) oge Pu Daksa (910-917 M). Pami ngaos langsung Carita Parahiyangan tangtos katingal aya raja2 di tatar Sunda nu ngawasa mang-ratus2 tahun (kalebet wastukancana) . ningal conto Airlangga waktos anjeuna ngawasa oge kitu, asa aneh naha bet lami2 teuing...singhoreng aya tahapan pami brol incu munggaran raja teh tos disebat "resi" tea, mung kitu "nya raja - nya resi" tetep ngadeg raja dugi ka turunana leres kiat dileupas (mangdiri) atanapi ku alasan pulitik tertentu. Kitu nun. Tabe pun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, July 23, 2008 2:37:30 PM Subject: Re: [kisunda] re: CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA" - Naros Sanjaya ka Ambu Punten ambu bade tatalepa (=leres teu nya istilahna) Ngeunaan Sanjaya yeuh ambu Cenah ceuk Mang Wiki (Wikipedia) Sanjaya naklukkeun purbasora teh di taun 723 M Sedengkeun naklukkeun SriWijaya 536 M eta aya jarak ampir 200 taun sigana dina dua hal eta aya perbedaan penafsiran tanggal dupi ambu tiasa masihan bongbolongan kunaha penafsiran dina wiki teu pas ? On Wed, Jul 23, 2008 at 10:20 AM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: komo deui upami dicukcruk ti jaman GALUH, wewengkon kawasa SUNDA teh eu mung "sauted" kitu...malah mah Jawa Timur ge lebet kana kawsa Galuh utamina ti mangsa Rahiyang SENNA (ramana Sanjaya) teras ku Rahiyang Sanjaya alias Rakai Mataram Sang Ratu Sanjaya alias Rakean Jambri Bimaparakrama diluaskeun deui. Basa tahun I kawihaji Panca Pasagi (458 + 78 = 536 Masehi) teh anjeuna "meupeuh" Sri Vijaya nu harita ngawengku Asia Daratan sareng Asia Kepulauan (harita Sri Vijaya teh karajaan Emporium - Imperium) nya atuh langsung ku elehna Sri Vijaya...kakawasaan ana gubrag ka Mataram Kuno nu harita dirajaan ku Sanjaya (seuweu GALUH pituin).
