Para wargi Ki Sunda sadayana, upami teu lepat PILKADA pasangan Walikota/Wakil Walikota Bandung bakal dilaksanakeun kaping 10 Agustus 2008, aya tilu pasangan Balon pasangan Walikota/Wakil Walikota anu bakal “tarung” dina eta pesta demokrasi (mudah-mudahan ulah jadi Demo Crazy), nyaeta Dada Rosada-Ayi Vivananda (Partai Golkar, PDI-P, Partai Demokrat, PBB, PPP, dan PAN), E Hudaya Prawira-Nahadi (Calon perseorangan), dan Taufikurahman-Deni Triesnahadi (PKS). Mangga kasadayana wargi Ki Sunda anu padumukanana di wilayah hukum Kota Bandung pilih salah sawios pasangan kanggo mimpin Kota Bandung 2008-2013, kade omat nya ulah GOLPUT. Saupamana geus aya pilihan dina dada urang, atuh kitu deui lamun para wargi ngaraos perwira, oge boga rasa geus tafakur kanu Rahman nepi ka aya Tresna pek bral geura kedalkeun jeung di ikrarkeun dina waktosna kaping 10 Agustus 2008.
