Hapunten RALAT
Purbasora mah sanes ku Sang Jaya maotna tapi ku Manarah alias Ciung
Wanara (Rakai warak Dyah Manara) > prasasti wanua TEngah III (830
Saka = 908 M)
----- Original Message ----
From: Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, July 23, 2008 2:37:30 PM
Subject: Re: [kisunda] re: CIRI-CIRI atawa DEFINISI "URANG SUNDA" - Naros
Sanjaya ka Ambu
Punten ambu bade tatalepa (=leres teu nya istilahna)
Ngeunaan Sanjaya yeuh ambu
Cenah ceuk Mang Wiki (Wikipedia)
Sanjaya naklukkeun purbasora teh di taun 723 M
Sedengkeun naklukkeun SriWijaya 536 M
eta aya jarak ampir 200 taun
sigana dina dua hal eta aya perbedaan penafsiran tanggal
dupi ambu tiasa masihan bongbolongan
kunaha penafsiran dina wiki teu pas ?
On Wed, Jul 23, 2008 at 10:20 AM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu
[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
komo deui upami dicukcruk ti jaman GALUH,
wewengkon kawasa SUNDA teh eu mung "sauted" kitu...malah mah Jawa Timur ge
lebet
kana kawsa Galuh utamina ti mangsa Rahiyang SENNA (ramana Sanjaya) teras ku
Rahiyang Sanjaya alias Rakai Mataram Sang Ratu Sanjaya alias Rakean Jambri
Bimaparakrama diluaskeun deui. Basa tahun I kawihaji Panca Pasagi (458 +
78 = 536 Masehi) teh anjeuna "meupeuh" Sri Vijaya nu harita ngawengku Asia
Daratan sareng Asia Kepulauan (harita Sri Vijaya teh karajaan Emporium -
Imperium) nya atuh langsung ku elehna Sri Vijaya...kakawasaan ana gubrag ka
Mataram Kuno nu harita dirajaan ku Sanjaya (seuweu GALUH pituin).