parunten kasayana uing bade tumaros, ngeunaan harti tina kecap "GARUNG",
pedah rada nyungkelit kana ati ngeunaan eta ngaran teh kusawab :
1.padumukan uing ayeuna ayana di kampung nu dingaranan CiGarung
2.dina silsilah raja jawa tengah 

  (http://arkeologi.web.id/old/directory.php?id=200803140025)
  aya oge nami 'Rake garung',tapi ah da asa pamohalan sugan ngaran lembur   
uing(cigarung) dicatut tina ngaran eta raja,
3.aya oge dongeng ti sepuh urang lembur ngaran cigarung dicatut ti nu 
ngadirikeun 
kampung nyaeta kiGarungan, cenahmah anggahota laskarna prabu siliwangi 
keneh.(naha bener aya dina sajarah nu aktualna kitu?)
malahan mah anjeuna ngadamel guha/torowongan nu kiwari satengahna kakeueum ku 
cai walungan cimandiri(site na tiasa ditingali di desa Leuwiliang kec:cikembar 
kab:sukabumi).
tapi asa can aya arkeolog nu nalungtik ieu guha tug dugika kiwari,
ceuk dongeng mah eta guha tembusna dugika kutamaneuh daerah lio sukabumi, malah 
mah dugika gunung gede (wallohu alam)
4.aya beja oge yen "garung" teh artina bala ku  batu.

ah jadi pajuliwet,

manawi aya nu tiasa masihan bongbolongan diantos ku uing 

uing teh
fredynovianto.



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke