kumaha upami carita KI Santang tiasa di dokumenter sareng didamel film kolosal ?????
_____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Nong Gerak Sent: July 27, 2008 08:56 PM To: urangsunda; baraya_sunda; kisunda Subject: [kisunda] (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Baduga Maharaja. Ageman Sri Baduga Maharaja_1. * Sri Baduga Maharaja raja sunda nu ngawasa,nu katelah sarua jeung Hyang Dewata,sakti mandraguna,pageuh nyekel kayakinan lila,kayakinan ka Hyang Widi. Saha nu nyangka aya guratan beda,robah ngagem nu leuwih misti. Hiji mangsa nu geus pisan lila,hawar-hawar ngadenge beja,aya pamingpin di hiji nagara nyekel elmu luhung tur wicaksana jeung pageuh kuat nyekel agama. Jorojoy aya hate suka,suka kana beja jeung kawentaranana,sugan bisa meunang batur nu sawawa. Hiji mangsa tumiba kana takdirna,Baduga tepung jeung nu sawawa,pamingpin Nagara Kalifah ngarana,mere beja nu teu disangka. Lain ngadu lain balitungan tungtungna,Baduga kalah kaburu rempag omongana,ucap jeung laku lampah nu lempeng aturan,kajeun boga kawasa nu sakitu gedena Baduga raja nu wicaksana,ngaku tina jero dasar manahna : Ieu geuning nu diteangan kamana-mana,ajaran jang ngajawab kahirupan anu fana. Ku rohmatNa Hyang Wenang Sajati,Baduga nenjo kalawaning bukti,ajaran nu geus jadi misti,asa lewang bisi kaburu pinanggih jeung pati. Baduga nanya ka eta ‘jalma’,timana meunang kasaktian jeung elmuna,eta ‘jalma’ ngan ukur ngasongkeun wasta,Kitab Suci Qur’an ti Nu Kawasa. Istuning ku kanyaah MantenNa,bathin Baduga ngudupruk euweuh tangan pangawasa,sakabeh kasakten karasa euweuh gunana,kalimpas ku jajaran papatah nu netra nyata. IMPORTANT NOTICE: The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are believed to be free of any virus or other defect that might affect any computer system into which it is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its use.
