Parawargi sadayana kantos panginten nguping hukum
Newton anu kamashur kakoncara sadunya, nyaeta perkawis
hukum ngeunaan gerak.
Kumaha sorana eta hukum anu aya tilu mangga pilarian
we dibantosan ku Om Google.

Pamendak kuring mah ieu perkawis hukum huntu anu
kapendak ku sim kuring nyaeta hukum HUNTU I, II, dan
III anu bade dicobian dikuat-kaitkeun sareng PILKADA,
atanapi politik praktis.

Nukahiji,  kieu unina nikma barang tuang teu gumantung
ka naon jenis kadaharan, mung gumantung pisan kana aya
atanapi heunteuna huntu atanapi waos.  
Teu percanten? Taroskeun we kaunu parantos janten
aki-aki jeung nini-nini anu waosna parantos punglak
sadayana..

Nukadua. Sing saha wae anu wani wani nyalonkeun diri
dinu PILKADA teras katingali HUNTU na aya dinu TANDA
GAMBAR/PHOTONYA dina kertas suara, maranehanana
condong bakal kawon.

Nukatilu. CALON KANDIDAT anu pang alusna seuri emut
ngagelenyu dina photo/TANDA GAMBAR tiasa janten ieu
calon condong bakal meunang dina Pilkadal.

Kukituna tiasa kawaler naha kamari di Jawabarat Pak
Agum kawon, rupina rada kahartos upami dikuat-kaitkeun
sareng hukum ngacapruk di luhur.

Tah ayeunamah urng buktikeun bae naha bener atanapi
henteu hukum di luhur teh eujeung kanyataan PILKADA di
Bandung anu baris dilaksanakeun sakeudeung deui.

:)

Abdi mah bade golput margi dumukna di Kabupaten,
sanaos gaduh KTP Kota Bandung.



      

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke