Mang..teu lepat sun?
upami mang ucup tos tiasa nyawa kaluar ti raga, tapi nu mang ucup teu
acan tiasa teh ngauihkeun deui. atuh mang ucup ayeuna nuju jalan-jalan
luareun raga. kumaha tiasa ngetikna nya?

baktos,
eddy nugraha



--- In [email protected], "mangucup88" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngalangkungan ieu surat, simkuring Mang Ucup seja nandeskeun sarta
> ngajangjikeun yen dina jangka waktu sajam nu bakal sumping, salira
> bakal tos tiasa diajar sarta ngajalankeun elmu "NGALUARKEUN SUKMA".
> Hebring, pan?
> 
> Dijamin 100%. Pami teu tiasa, Mang Ucup kersa dihukum rajam! Dina
> jangka waktu sajam, sadaya nu maca - teu aya iwalna - bakal parantos
> tiasa diajar sarta ngajalankeun elmu ngaluarkeun sukma tina raga,
> dijamin. Ieu sanes mung meureun, tapi tiasa saenggalna dipraktekkeun
> turta dibuktikeun ayeuna keneh. Gombal!
> 
> Upami salira henteu percanten, cobian nelasan maneh ku cara nuang
> Baygon saember. Moal lami sukma salira bakal ngalayang KALUAR MISAH
> tina raga salira.
> 
> Eta mah sadayana ge uninga, yen dina hiji mangsa urang bakal maot
> sarta jiwa urang bakal misah tina raga. Malah panginten eta jiwa bakal
> nyarios "Sayonara" alias moal wangsul deui ka jero raga urang, namina
> oge tos maot.
> 
> Ke, sabar heula..! Mang Ucup - tadi mung ngajangjikeun yen unggal nu
> maca bakal tiasa diajar elmu NGALUARKEUN sukma, sarta tetela ieu leres
> 100%!
> 
> Janten sanes bohong yen Mang Ucup tiasa ngajarkeun ka unggal jalmi
> cara misahkeun jiwa tina raga! Nu Mang Ucup teu acan tiasa mah ngatur
> kumaha carana supados ieu eta jiwa tiasa sarta kersa wangsul deui kana
> raga urang. Janten elmu anu nembe teh mung elmu "one way ticket",
> sanes elmu "return ticket"!
> 
> Elmu "return ticket" atanapi out of body experience (OBE) atanapi
> sering oge disebat "separation" teh elmu tata cara ngatur supados
> sukma urang tiasa kaluar jalan-jalan tina raga, sapertos jalmi mati
> suri, sarta - anu langkung penting - tata cara ngatur supados eta
> sukma tiasa sarta kersa leber deui kana raga urang. Kanggo salajengna
> urang sebat bae ieu elmu teh elmu OBE.
> 
> Panginten salira henteu percanten yen OBE teh leres ayana sarta tiasa
> prak dipidamel. Kanggo anu teu acan percanten sarta palay ningal heula
> kuanjeun, mangga nongton DVD pilem anu judulna "Ghost Dad" anu pamaen
> utamana Bill Cosby. Dina eta pilem ditembongkeun kumaha prakprakanana
> jalmi tiasa milampah OBE. "Eta mah pilem atuh, Mang Ucup. Sanes
> kanyataan!" Ahli parapsikologi di dieu parantos nguji sarta
> ngabuktoskeun yen OBE teh leres aya turta tiasa dijalankeun, sanes
> ukur dongeng atanapi rahul wungkul.
> 
> Kumaha carana sangkan urang tiasa ngaraoskeun OBE? Umumna mah urang
> tiasa ngiring ngarasakeun nalika jiwa urang kaluar tina raga. Nete
> unggal hambalan, urang tiasa ngarasakeun awak jadi tiis jeung kaku,
> sapertos lumpuh. Dimimitian tina sampean, naek ka luhur ka mastaka.
> Saparantosna eta, urang bakal ngaraos hampang, malah tiasa ngalayang
> kaluar tina raga. Urang bakal tiasa ningal awak urang boh ti luhur
> atanapi ti gigir. Ngawitanana mah urang teu percaya tiasa hiber turta
> ngalayang, tapi buktosna kalah tiasa nembus tembok!
> 
> Urang bakal tiasa ningal sagala kajadian di sakurilingeun urang, tapi
> mung tiasa lalajo. Urang nu nuju ngalaman OBE moal katingal sarta moal
> kadangu ku aranjeunna, sarta urang moal tiasa noel naon-naon oge. Hal
> eta kumargi urang ukur jiwa nu keur jalan-jalan tanpa raga.
> 
> Iraha urang tiasa ngalaman OBE? Nalika nuju kulem, tapi seringna mah
> upami nuju setres, teu damang wales, atanapi nuju kapiuhan. Tapi
> numutkeun panalungtikan, OBE ieu tiasa ngahaja dihontal sakumaha
> kahoyong, sanes ukur kaleresan, nyaeta dina mangsa nuju tatapa atanapi
> nuju ngosongkeun emutan/pikiran. Jalmi nu tiasa ngosongkeun emutan
> bakal langkung gampil diajar ngosongkeun ragana.
> 
> Naha leres manusa mibanda kamampuh ngalaman OBE? Simkuring bade
> ngadugikeun cariosan sababaraha jalmi anu kantos ngalaman OBE kalawan
> teu ngahaja.
> 
> Saurang mahasiswi Indonesia di nu nuju sakola di Leiden - Walanda,
> hiji mangsa ngaraoskeun asa kasumpingan ibuna nu aya di Jakarta,
> Indonesia. Anjeunna tiasa ningal kalawan atra yen ibuna sumping ka
> bumina, sanaos mung etangan sababaraha detik. Nu aheng, kajadianana
> teh lumangsung tengah poe ereng-erengan. Saatos eta kajantenan,
> anjeunna langsung nelepon ka Jakarta. Kulawargina anu di Jakarta
> rareuwaseun, naha anjeunna bet tiasa uninga yen ibuna nuju di rumah
> sakit alatan teu damang wales, padahal teu aya nu ngawartosan. Naha
> mungkin ibuna ngalaman OBE, jalan-jalan ka Walanda pikeun ningal putra
> kameumeutna?
> 
> Jalmi anu mati suri oge saleresna tiasa disebat OBE, kumargi jiwana
> tos kaluar tina ragana sanaos mung sakedap.
> 
> Seueur jalmi nu ngalaman OBE nalika nuju dioprasi. Sanaos nuju dina
> kaayaan teu sadar kumargi dibius, tapi seueur anu tiasa ngadongengkeun
> kalawan jentre kajantenan salami lumangsung oprasi. Malah seueur oge
> anu ngadon jalan-jalan kaluar ti rumah sakit, sarupaning sindang ka
> bumi wargi atanapi para sobat dalitna. 
> 
> Pami urang jujur, urang oge sering ngimpen aya di hij itempat atanapi
> pendak sareng hiji jalmi. Eta impenan atra pisan, sahingga urang jadi
> bingung naha eta teh kanyataan atanapi leres ukur impenan. Nuju alit
> keneh, simkuring sering ngalaman hal-hal anu arendah. Nalika kitu,
> simkuring sok nyiwit leungeun sorangan, kanggo mastikeun yen ieu teh
> leres kajantenan, sarta sanes wungkul dina impenan (OBE).
> 
> Ku kituna, urang salaku manusa taya lepatna gaduh bakat sareng
> kamampuh ngalaman OBE. Namung, naha ieu OBE tiasa dileukeunan?
> Simkuring teu tiasa ngawaler kalawan pasti, sanaos anu "one way
> ticket" mah tangtos sadayana ge tiasa.
> 
> Anu matak panasaran teh, upami hiji jalmi tiasa ngatur kaluar-asup
> sukma tina ragana, kacipta pilieureunana ieu dunya!
> 
> Kumaha upami kontrak urang sareng Pangeran tos nincak kana mangsana,
> sahingga jiwa urang kedah kaluar tina raga? Jalmi anu betah hirup
> sareng hoyong salawasna hirup pasti bakal satekah-polah balik deui
> kana ragana, alias henteu maot-maot! Atanapi kalah luncat ka raga anu
> sanes?
> 
> Kanggo panutup, Mang Ucup neda sihapunten saupamina seueur anu ngaraos
> dikuciwakeun atanapi dibobodo, kumargi simkuring teu tiasa maparin
> Elmu Ngaluarkeun Sukma p.p. Tiasa soteh mung kanggo "one way ticket".
> Neda maphum bae, Mang Ucup mah bodo keneh, teu acan tiasa ngawasa
> saluhureun nu eta.
> 
> Mang Ucup
> Email: [EMAIL PROTECTED]
> Homepage: www.mangucup.net
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke