Serat Salira
Wengi Tadi Tos Katampi
Kantenan Jungjunan
Kantenan Mungguh Ewuhna
Disangki Serat Katresnan
Sabudeureun Cinta Urang
Geningan Lepat Dugaan
Mundut-Mundut Pipisahan
(Wangsit ti gamparan katampi kalayan diimeutan,
disangki serat ngeunaan kasugihan nagri tapi beut
lepat panyangki. Geningan wangsit panungtungan,
amanat bungsuna, panyuhun ti gamparan kanggo
mungkas lalakon nagara. Kantenan ngabalukarkeun
bancang pakewuh, pagaliwota sajeroeun dada)
Nu Muggaran
Urang Tepung Luhur Panggung
Sutra Ganas nu Nyacas
Kiwari Kantun Waasna
Emut-Emut nu Kamari
Tetep Surti nu Kamari
Ayeuna Duka Kumaha
Majar Urang Pileuleuyan
Teu Nanaon Jungjunan
Teu Nanaon
Mun Kitu Kapalay Salira
(Pan gamparan nu mitembeyan ngawangun nagara dugi
ka manggungna, bandera hejo kaceluk kaawun-awun
kawentar ka janapria, matak serab anu nyawang.
Tapi kiwari kantun waasna dipungkas ku wangsit
salira. Sanaos kitu, pidawuh sareng ajaran
gamparan diestukeun pisan, sakedah polah seja
tumut kana kapalay salira, sanaos mileuleuyan )
Serat Salira
Dina Jajaran Kalima
Unggelna Teu Wasa
Mun Kedah Midua Hate
Teu Sapuk Sareng Aturan
Sok Sieun Teu Kabadanan
Cangcaya Moal Laksana
Mendak Bagja Sasarengan
(Kahartos pisan naon kasang tukangna gamparan
mungkas lalakon, moal wasa midua adegan margi teu
payus sareng ajaran. Sugan kahareup kasorang
deui, nagara anyar dina wanda anyar, sanajan celak-celak ti katebihan)
__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur Malaysia
Tel: 60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]