Hiji mangsa kuring nelpon ka pajabat teras di Gedong
Sate, terus kuring nanyakeun, waktu harita erek prung
pamilihan Gubernur Jabar : "Kuring kedah nyolok mana?"
Walerna rada diplomatis, "lah nu pentingmah Jabar
Aman". Kitu cenah.
Saenggeus "quick count" dina tipi diberendelkeun,
geuningan nu kenging teh lain "aman" tapi "hade".
Kanyataan kitu kuring nelpon deui ka juragan anu gaduh
kawasa di Gedong Sate, "Hallow, kumaha agan, hasil
Pilkadal teh geuning Jabar teu 'aman'! ", Ceuk Kuring.
Manehna seuri bari keuheul, terus ngomong kitu kieu ka
Cagub harita anu can dilantik, tapi anu ku kuring
dicatet dina ati sanubari nyaeta omongan anjeuna.
Kieu cenah, lamun enya seug bener eta program Hade
berhasil, nyaeta ngagratiskeun sakola jeung nyiptakeun
sajuta lapangan kerja, tah pagawe-pagawe birokrat anu
ayeuna digarawe ti suksuk ti dungdung ti isuk jegur
nepi ka sore jeder, PECAT kabeh, artina baheula teu
barener kabeh gawena, lamun enya berhasil dina waktu 3
(tilu) taun kahareup, program eta berhasil.
Duka kumaha tah kapayunna. Aya jurus nyingcet atawa
henteu.
Salam
--- DELUN I <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Simkuring mah hirup di lemah cai nu
> ngarana Indonesia, jiga anyang-anyangan keur zaman
> budak baheula jeung ngarasa dilelelewean...khususna
> ku ayana artis dadakan hayang jadi pamimpin
> daerah..(hayang seuri, keheul, teu rido we).
>
> KPU naon gawe atuh..?? naha aya aturan keur calon
> pamimpin anu rada intelek jeung asup akal ??
> contona: pendidikan, sabaraha lila sepak terjang di
> dunia politik jeung sajabana (sing jeulas). Da ieu
> teh ekeur urusan nagara lain nyieun Sinetron nu
> gampang di ganti skenariona.
>
> Cenah...masalah hak asasi setiap warga negara lamun
> artis nyalonkeun jadi caleg.!! bener jeung he
> euh..tapi kudu ningali oge kana waragad jeung
> kamampuan diri, tukang ngagon sapi jeung domba oge
> boga hak tapi euweuh nu nyalonkeun jadi caleg..da
> maneh na mah leuwih rumasa jeung ngaragap diri kana
> ka ayaan. (berarti leuwih pinter tibatan artis
> meureun..?? he..heuy..).
> Sim kuring lain anti artis tapi anti caleg artis
> dadakan atawa caleg artis instant (jiga mie
> instant). Simkuring ngadukung pisan lamun: Nurul
> arifin, Marissa haque, Adjie Masaid...da maneh na
> mah mang tahun-tahun ulung biung di dunia
> politik..jeung ngenah we ngadengena lamun ngobrol
> teh, da ku pangalaman tea..heuu..heuy..
>
> wasalam
> Delun
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/