hihhhh.... kang Oman mah, pan dina Sunda mah upami ngabasakeun maneh nya ku
kasar, pami kanggo batir dilemeskeun...kitu
abdi teu beuki - kang Oman teu sedep
abdi sorangan - kang Oman nyalira
abdi nuju dahar - kang Oman nuju tuang
pun anak - tuang putra
AMBU
----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, August 6, 2008 8:25:30 PM
Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Dihukum Pati, milih cara nu mana nya?
Basa Sunda memang rada antik. "Hukum Mati" kaasup kecap anu hese
disundakeunana. Tapi, teu nanaon, cobaan wae masyarakatkeun "hukum
paeh", sugan lalaunan aya parobahan harti tina hukum anu paeh jadi
"hukum mati" sakumaha dina Basa Indonesia.
Aya deui anu "aneh" dina Basa Sunda, nyaeta kecap "maneh" . Kecap
"maneh" dina Basa Sunda bisa maksudna nuduhkeun jelema kahiji (anu
keur ngomong, hadir atawa lain anu diomongkeun) , bisa jelema kadua
(anu keur diajak ngomong, hadir atawa lain anu keur diomongkeun) , tapi
bisa oge hartina kecap gaganti tina kecap "diri" atawa "sorangan".
Contona, patali pisan jeung urusan maot, aya dina kecap "maehan
maneh". Jadi, basa Sunda-na "bunuh diri" teh - lain "maehan anjeun"
hehehe, tapi "maehan maneh". Tah ieu anu dimaksud basa Sunda antik
teh.
manAR
On Wed, Aug 6, 2008 at 4:40 PM, Kuring Jualan <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> mang malah beja nu kareungeu ku kuring mah nu pangcepetna maot teh nu
> ditugel beuheungna.
>
> ari hukum paeh naon gunana nya?
>
> On Wed, Aug 6, 2008 at 4:32 PM, mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:
>>
>> Nu manusiawi mah nu pangterehna maot.
>> Ditembak sirah, jantung, langsung paeh, sigana.
>>
>> Ari diteukteuk beuheung mah semu-semu sadis bin primitip. Sirah coplok ti
>> awak. Make model perang jaman make pedang tea meureun.
>>
>> Disuntik, sigana perlu waktu sanajan sababaraha detik getih nu diracun
>> nepi
>> ka jantung.
>>
>> ---
>>
>> Duka mana nu leuwih manusiawi, nu jelas mah hasil akhirna sarua wae ......
>> maot!
>>
>> _
>> _,___
>
>
> --
> dudi herlianto
> Kantor Cabang BCA Bogor
> No. Rek: 0950735554
>
>