Kang Dudi kumaha damang?
Upami aya waktos tangtos tiasa tepang di darat sareng Kang Dudi
teras urang urang diadu maniskeun ulin sunda sareng mandau hiber.
Saleresna atos gaduh aya di New york City, kapungkur sa acan gedong kembar
meledak ,simabdi 3 koper eusina mandau.kujang, keris,rencong arit, bedog si
cepot di angkut ka USA biasa kang keur usik eta pakarang.
Nepi ka ayeuna seueur nu jalan2 di bumi jeung hiber...................resep aya
batur kaamengan CIMANDE..
Rampes
Kang Yana
----- Original Mng essage -
From: dudi_ss <du [EMAIL PROTECTED]>i
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, August 8, 2008 1:27:10 AM
Subesepject: Re: [kisitunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi
Mulawarman
Etah Kang Yana, naha teu acan kulem kitu tos tabuh sakieu, mandau hiber mah sok
menta getih bae sareng maharna rada awis ratusan jut, upami leres bade mah
mangga kadieu, engke ditepangkeun sareng mandau hiber, tapi nyakitu pamelina
hiii... hi... cocok kanggo kondisi chaos.
wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
From: SASTRANEGARA THARYANA
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Friday, August 08, 2008 11:56 AM
Subject: Re: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman
Ambu abdi ngiringan ka Kutai, palay diajar ngalungkeun MANDOU hiber , palay
pependak sareng Eyang Bonisura ti jampang Kulon Guruna Raja2 jawa jeung Sunda
elmuna BALASAREWU cing turunkeun cara ilmuna ka turuanan sunda di USA.
Rampes
Kang Yana
----- Original Message ----
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, August 7, 2008 11:39:00 PM
Subject: Re: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman
Keun urang sanggap di Samarindana, tapi ari ka Muara Kaman mah rada tebih
keneh, langkung girang tibatan Tenggarong minangka puser dayeuh Kabupaten Kutai
Kertanegara, ari anu disebat Kutai teh ayeuna mah tos aya Kab. Kutai Timur,
Kutai Barat, Kutai Kertanegara anu tengah, leres kapungkur mah mung aya hiji
kabupaten nyaeta Kabupaten Kutai. Mangga wilujeng pelesiran Ambu!
wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
From: oman abdurahman
To: kisunda
Sent: Friday, August 08, 2008 9:57 AM
Subject: [kisunda] Wilujeng ka Ambu anu bade makalangan di bumi Mulawarman
Aya wartos Ambu bade nganjang ka bumi Mulawarman, dina raraga
panalungtikan anu kalintang ageung ajenna, boh keur kisunda dugi ka
sa-Nusantara, malah keur dunya apelmuan oge Insya Alloh. Muhun, dina
raraga panalungtikan arkologi, Ambu bade safari ilmiah ka Kalimantan
Timur, pasna mah ka Muara Kaman, Kab. Kutai, Kaltim. Seueur anu uninga
yen eta patempatan teh mangrupa situs patilasan karajaan Kutai
Kartanagara atawa nami buhunna mah Bakulapura. Ari raja Kutai anu
mimiti ngamashurkeun Kutai taya lian ti Mulawarman tea, raja anu bibit
buitna ti katurunan Salakanagara lebet kana periode Tarumanagara,
Bogor, Tatar Sunda.
Hayu urang daru'akeun, pamugi ieu perjalanan kanggo kapentingan ilmiah
Ambu teh janten hiji perjalanan anu sukses tur manfaat keur balarea.
Ka Ambu pamugi dipaparin kakiatan dugi ka rengse tur lancar ngayakeun
panalungtikan arkeologi situs Muara Kaman.
baktosna,
manAR