sampurasun,
ngeunaan naratas kagiatan ngumpulkeun data 'bandung kota kreatif'
simkuring nyumpingan kang wawan hanura (anggota P project /komedian
anak muda nu tos terkenal di nasional),... sakalian sosonoan, da
anjeuna rerencangan SMA abdi,...
eta kang wawan teh, sataun kapengker, pendak di reuni, meni russian
minded,... naha? sabab anjeuna jebolan sastra rusia UNPAD. aktif di
management P project , gaduh usaha kaos distro,.... ayeuna aktif di
panitia persib jeung event orgaizer,....
aya hiji caritaan ti manehna nu menarik,...
kieu caritana,...
"he,.. (roche, maksadna manggil ka abdi),... urang geus 2 bulan ieu
keur ka bungbulengan resep kana sunda, kunaon? sabab dua bulan
katukang , kabeneran nyieun produksi film tentang keindahan alam,
biasa, pesenan ti salah sahiji partai, keur promosi calon presiden
na,... tah,... lokasina teh di daerah cicalengka, kaluhur, ngaliwatan
gunung,... trus jauh pisan euy kajero,... make ojek oge 30 rebu!,..
tah... teu nyangka siah, aya hiji lembur, eta suasanana meni sunda
pisan, euweuh listrik PLN! tapi maranehna make listrik tenaga sungai!!
jeung aya oge tenaga surya, ,.. make ciga solarcell kitu,... hade
siah,....
cenah ceuk warga kampung eta, ieu urut karajaan ,ngarana nagara
KENDAN, ... maneh pernah teu ngadangu? " ... kuring gideug,....
(bari di jero hate,... engke weh ku kuring di search dina google..)
tah,...
tadi ku simkuring,... di search,.... ternyata bener, eta KENDAN teh
karajaan sunda nu aya di nagreg,...
jabaning, keur aya masalah, cenah dek digusur keur kapentingan
PENAMPUNGAN SAMPAH jeung LOKASI PEKUBURAN TIONGHOA.
jadi,... judulna teh, situs karajaan, kudu ngelehan ka RUNTAH URUT
JELEMA HIRUP sareng JELEMA MAOT.
simkuring reueus, seorang selebritis sapertos kang wawan hanura,...
tiasa ka sengsem kana kasundaan,... mudah2an janten pasukan
kabangkitan kisunda, maturan urang2,... amiin
=roche=
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/