On Thu, Aug 14, 2008 at 10:33 PM, Wahyudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> nuhun pisan Kang MH kana ideuna, ieu oge nuju ngempel-ngempel ideu wangun
> tur cara ngamasarakatkeun deui Kujang ... nu tangtosna mah kedah janten
> operasional, salah sawiosna anu nuju didamel nyaeta wangun peso komando anu
> basic wanguna kujang ... , tur peso lipet (panginten sapertos peso Swiss
> tea) da ari prototypenamah parantos rengse oge.
>
> teras ieu mah mung ukur iber ... allhamdulillah 10 kujang pamor tos rengse,
> wanguna Ciung Bogor tur ciung Priangan, atuh perahna aya tilu rupi nyaeta
> gajah diuk, gajah sungkeum tur ceker kidang (gambar-gambarna saenggalna di
> wawarkeun)
>
>
> On Wed, Aug 6, 2008 at 11:12 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>   Kang Wahyudi, jigana gaya upama Kujang wujudna jiga peso multiguna,
>> peso Swiss nu kawentar. Sabab ninggali bentukna mah, eta nu
>> rungkal-rengkolna bisa difungsikeun jadi pamuka tutup botol, pamuka
>> kaleng susu, jeung sajabana.
>>
>> Bulan kamari aya balad karek balik ti Tiongkok, kabeneran manehna
>> mekel oleh-oleh peso Tiongkok, rada gaya bentukna teh mirip-mirip peso
>> jaman buhun. Mun kujang dipopulerkeun jiga kieu, jigana bakal leuwih
>> dipikawanoh ku balarea.
>>
>> salam,
>> mh
>>
>>
>> .
>>
>> 
>>
>
>

Kirim email ke